Tetela Anjeun teh wiwitan nu wening, nya Anjeun lalaki langit lalanang jagat.
Ongkoh jajaten terahing mandala,
Sumarambah dina tegesna atikan pandita,
Isukan nu kaula jeung qodar-NA,
Nu sok nguyupan acining Warisatul Anbiya.
Weuweug pageuh ngagurat batu,
Angkeuhan bongan ceuk ajaran.
nu ngagetih ti leuleutik, ngulit bawang ti bubudak,
Giakna mawa kaludeung nu nuturkeun, malah atra pasipatan cadu mungkur haram dempak,
Sanajan Anjeun pada ninggalkeun, cenah hirupmah kudu teuneung kudu ludeung, da wungkul keur nu murbeng alam,
Ari jelema mah wungkul tilu perkara : resep, ngewa jeung hare-hare.
Ras kana dedeg pangadegna estu nyinatria hamo ngaletak ciduh sorangan sanajan hirup katalangsara,
Eces perbawana nu ngabahudenda sanggup mikul milyunan karudet,
Jiatna barudak nyaho yen hirup teu kudu hayang komo embung, hirup teu meunang embung komo hayang.
Ah………….Bapa, iraha kuring mibanda kayakinan anu sajati ?
Sakapeung ngolebat dina karudet ngurus barudak, sakapeung nembongan dina marahmayna kahirupan.
Ukur umpal-umpalan dina mega kamelang, sieun teu bisa cara Anjeun dina nyahadatkeun barudak,
Jiga basa kuring sa-adi2 diajar solat, diajar puasa, diajar zakat jeung didongengan falasifah manasik Ibrohim
Ah…………Bapa,
Iraha kuring mibanda kayakinan anu sajati ?