EnglishArabicIndonesian

Barudakna Sajarah

Basa Ema ngeusian formulir di bumina bu Ihah Kepala SD Neglasari
Ema jiga nu keubeuk ku kabingah, bari pokna :
Hidep rek mimitian sakola
Buku tulis hiji
Potlot stedler hiji
Pamupus cap kelinci hiji
Kantongna mah keun bae tilas Ceu Nani putra Pa Kuwu, kitu saur Ema, bari pok deui :
Hidep kudu leuwih soleh ti Ema
Hidep kudu leuwih pinter ti Ema
Hidep kudu leuwih jembar ti Ema
Hidep kudu leuwih bageur ti Ema
Darajat hidep kudu leuwih luhur ti Ema

Teu karaos Ema, geuning tos 6 tahun di SD teh
Beunghar geuning nagara teh, abdi sakola teh ukur modal bekel jajan hungkul
Saur bapak Kepala saurangna meunang tunjangan BOS dua puluh salapan rebu rupiah tiap bulan

Teu karaos Ema, geuning tos 6 taun di SD teh
Kuring mandi teh dianggir malah dicrokcrok kana emun-emunan
Saur Ema meh calakan tur bisa ngajawab soal ujian

Hate ngageder, ratug tutunggulan
Horeng rame ujian teh
Aya polisi
Aya penilik
Aya wakil rahayat
Aya manggala
Loba oge nu teu wawuh tapi didarasi, saur bapak kepala mah eta teh tim indevenden

Bel tos ditakol ku mang Ikum 5 kali
Hate beuki ratug, jajantung nabeuhan dada
Sieun teu bisa ngajawab soal
Sieun teu lulus
Ras emut kana kasauran bu Empap wali kelas 6, pokna :
Sakola teh ayeunamah wajib
Bisi eleh peunteun ku Vietnam
Hidep kudu bisa ngajul standar
Kudu lulus ujian teh !

Amplop soal tos dibuka ku pengawas
Leungeun ngeleper nampana, nu tatabeuh dina dada beuki rosa
Emaaaa………..
Geuning soal teh gampang
salian ti gampang teh oge geus nyelap eusina
Sarupaning A, B, C jeung D
Kareret ku juru panon bapak kepala tiluareun rohangan semu nu bungah
Pengawas katinggalna ge suka seuri
atuh si Ehed nu asalna elekesekeng ge katempo marahmay
Polisi, manggala, wakil rahayat jeung tim indevenden katinggalna uplek duka ngobrolkeun naon

Ema,
Mun abdi lulus Ujian Nasional SD taun ieu
Kedah dimana abdi neraskeun sakola teh ?

Share on facebook
Facebook
Share on twitter
Twitter
Share on linkedin
LinkedIn

Leave a Reply