Bebegig……….,
Dibajuan…., dicalanaan malah ditopian na taktakna sok disampaikeun anduk butut
Digebrigkeun kubudak leutik ge bisa
kabeh oyag malah kaleng butut nu digantungkeuna tingkelentong jiga nu suka bungah, atuh manuk nu rek ngahkanan pare teh haliber kalabur……….,
Sapoe kitu jeung kitu wae taya robahna,
digebrigkeun oyag kabeh, kaleng bututna tingkolontang, manukna haliber……
…,
menceugna manuk teh lila-lila mah (duka mikir, duka instinkna), yen nu jiga jelema teh lain jelema, ukur bebegig. Lila-lilamah manuk teh eunteup dina bebegig.
Nau’udzubillaahi min dzalika……………….,
Boa abdi sakabeh teh bebegig,
abdi sakabeh sakola……….
abdi sakabeh diajar budi parangi……….
abdi sakabeh sok ngaji quran………
abdi sakabeh sok solat…………….
tapi abdi sakabeh masih hese leupas tina jeung merangan korupsi…….
Poe ieu…………,
abdi sakabeh takbir…, tahmid…..jeung tahlil
ras kana Visi panutan kanjeung Nabi Ibrohim AS ngeunaan Baladan Aminan
Tur kahariwang nyembah barhala………
Boa syetan anu tadina sieun teh ku jelema
sabab sakola
sabab diajar budi parangi
sabab sok ngaji quran
sabab sok solat
ukur meh jiga jelema (bebegig)………,lain jadi jelema
da geuning lila-lilamah syetan teh nangkeup pageuh dina punduk sewang-sewangan.