EnglishArabicIndonesian

Ceurik Santri (Usep Romli HM-bagian pamungkas)

“Ya Allah….sabada lima welas taun patebih, bet diparengkeun pendak deui, kalawan teu disangka-sangka. Manehna kawas parantos bonafide. Sumping ka ieu pasantren, masrahkeun sumbangan pacul sareng hayam…..Abdi tadi medal sila. kajurung ku suudon, ras kana pamadeganana kapungkur. Ari ayeuna naha bet los-los ka pasantren? Ka lahan anu ku manehna bebeakan dijejeleh?”

“Bilih abdi emosi, abdi ngelehan maneh. Nyingkur di rorompok pun Basari. Mepes katagiwur hate…”

“Tina spiker, hawar-hawar kakuping caritanana. Jauh tanah ka langit jeung caritanana baheula. Ayeuna mah make muji-muji sagala ka Islam, ka kiai, ka santri, ka pasantren…”

“Abdi tumanya, naha eta caritaanana teh kedal tina ati sanubarina nu suci kalawan clik putih clak herang ?  Atawa sakadar papaes lambe, wungkul ngarah piandel ? Naha caritaanana leres-leres lantaran kayakinana geus pulih deui sabihara-sabihari, atanapi mung sakadar sayanaeun wungkul, enggoning neangan tatapakan kakuatan keur ngahontal ambisi pribadi ?”

“Ya Allah, hapunten abdi, saupami abdi awon sangka. Bongan kitu jujutanana, heug bae hoyong ngagugulung kacuriga. Anjeun Maha Uninga kana kereteg batin sakur mahluk…Biheung dina paningal Anjeun mah, manehna teh leres-leres parantos tobat, babalik pikir, husnul hotimah, tinemu jalan lempeng bener. Jalan nu kantos disorang ku para muttaqin sareng para solihin.”

“Upami leres kitru, ya Allah, mugi Anjeun mancegkeun pamadeganana. Mugi Anjeun nyinaran kalbuna ku cahya Islam. Saestuna mung Anjeun nyalira mingpin jalma-jalma ariman hijrah ti nu poek ka nu caang narawangan… Mugia Anjeun ngahapunten dosa-dosana, salami manehna lumampah dina kasasaran….”

“Ya Allah, pancegkeun pamadegan abdi, pamadegan jalmi-jalmi model jang Junaedi. Jalmi-jalmi nu gaduh niat sareng kahayang ngajungjung kamulyaan agama Anjeun anu haq…”

“Ya Allah, mugia Anjeun nibankeun siksa ka abdi sadaya, saupami abdi kaliru. Mugi Anjeun henteu ngabeungbeuratan ka abdi sadaya  ku beungbeurat sapertos anu ditibankeun ka jalmi-jalmi saheulaeun abdi. Mugi Anjeun ngalebur dosa perdosa abdi, ngaping, ngajaring abdi sadaya, sareng mugia Anjeun maparin rahmat ka abdi sadaya. Nya Anjeun, ya Allah, panyaluuhan abdi sadaya. Paparin abdi kakiatan sareng pitulung kangge ngungkulan reka-perdaya jalma-jalma kapir. Amin, ya Robbal Alamin.

Angin nebak rada tarik. Angin kasubuhnakeun. Seuneu cempor kakalincesan. Ngetet beakeun minyak. Tapi henteu pes pareum pisan. Tetep tagen mertahankeun hurungna anu nyengcelak.

Kang Sarip masih keneh sumegruk, sujud luhureun sajadah.

Sora tahrim beuki atra, nembus simpena alam :

” Ya arhaman Rohimin Irhamna !”

(He,  Dzat Nu Maha Welas Nu Maha Asih. Pikawelas abdi sadaya!”)

Share on facebook
Facebook
Share on twitter
Twitter
Share on linkedin
LinkedIn

Leave a Reply