Cinyusu

Pancuran caina masih ngocor tur herang

Bangbaluh anggeur masih tinggulayut

Dina kahariwang nyorang mangsana

Dina baluas tapak kalangkang

Indung

Geuning jero sagara kahirupan teh.

Pancuran caina masih ngocor tur herang

Angkara anggeur masih kumalendang

Di gedong buleud nu aripis biwir

Di gedong pasagi nu umaing

Di gedong lonjong nu heurin ku bab jeung pasal

Indung

Naha enya Rahwana acan perlaya ?

Pancuran caina masih ngocor tur herang

Pipireun tajug sajeroeun lilinggeran

Malah nyangkrung dina sela-sela rasa

Yen poek jubahna hideung

Yen caang anyaclang atra

Nu nyumput nu teu kaharti

Nu dirusiahkeun jeung nu acan karandapan

Ukur heula pandeuri jeung kahanjakal

Indung

Geuning jerona sagara teh mun teu teuleum

Pancuran caina masih ngocor tur herang

Sanajan talangna geus taihiangan

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply