Ema………,geuning nu sakola teh disebutna tanaga kerja,
bari nu nyariosna teh jelas sanes teureuh beureum bodas,naha enya kitu nu sarakola teh keur jaradi pagawe di engkoh ?Geus lila sabenerna mah curiga teh, eta we basa meh unggal kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Kota leuwih ngawowoy jeung ngalungsur langsarkan perizinan SMK batan SMA, Sakapeung mah, enya jiga nu nyaah ka rahayat teh, apanan mun sakola di SMK mah tereh meunang gawena, da sidik apan nu kaluar ti SMA mah meunang 2 tanjakan, mun kuliah beurat waragadna, mun gawe can boga kaparigelan, antukna loba nu nganggur ngaherinan lembur atawa jadi jasa demo keur kapentingan sakaol dua kaol.
Ema……………,
Kungsi geuning digembar-gemborkeun yen budak SMK mah bisa nyieun laptop, nyieun sarupaning alat-alat elektronik malahan bisa nyieun mobil.
Ema…………., mun sakabeh pamuda/pamudi bangsa urang sarakola di SMK, bari terus digarawe di Engkoh, naha eta teh kabagjaan atawa katalangsaraan ?
Mun abdi digawe di Engkoh, teras abdi tiasa males budi ka indung jeung ka bapa ku sarupaning pangabutuh Ema /apa sapertos bumi sigrong, mobil ngajepat, sawah patulayah, tuangeun merekis, apa/ema di kahajikeun ku ema/apa bade di tampi atanapi moal ?
Meh sakabeh kolot bangsa urang, jigana pamanggihna kakara semet dinya, bagja lamun kunu jadi anak diangkat darajatna, nya ieu pisan anu dipake merangan kamerdekaan bangsa teh, da rarasaan mah dijujurkeun ku nagara pikeun mulang tarima kanu jadi kolot.
Beuki dieu beuki eces, aya udang dibalik batu. Bangsa urang sejahtera, kabutuhan sandang, pangan jeung papan kacumponan lantaran sakabeh pamuda/i bangsa urang jaradi pagawe di Engkoh.
Enya, ayeuna mah masih aya ratusan boa jutaan pamuda/i bangsa urang anu masih cerdas, kritis, rasa nasionalisme na gede tur mibanda kahayang nularkeun kayakinana yen lila-lila mah bangsa urang teh wungkul jadi bangsa pagawe anu ngadunungan ka batur, meureun ari geus pasipatan nagara mah, sarua eujeung nu ngurus dina harti Pamarentah teh bangsa deungeun-deungeun.
Ema………………….,
Bangsa urang teh, lemah cai urang teh, nagara urang teh 20 – 30 taun deui mah duka aya keneh duka tos kasebat daerah jajahan zona ekonomi & industri.
Inna lillaahi wa innaa ilahi rooji’uun…………, allahumma ajirni fi musibati wahlufli khoerun minha………
Ema………….., ku cegikan si Engkoh teh, cenah mah kapanggih aya tanaga kerja anu lulusan SD tur teu bisa nuluykeun ka SMP arasup ka pasantren rek jadi teroris.
Ema…….., pangwartoskeun ka polisi, ka tentara, ka bagian kaamanan bangsa, ulah waka percanten kituh, bisi hanas unggal pasantren didereded, anu kantun wungkul kelas padamel, nya meureun moal aya anu ngemutan ka nanjeurna deui komara jeung saktina Pancasila teh, da ari nu di pasantren mah jelas-jelas moal laku janten kelas pekerja.
Apan kapungkur ge waktos perang kemerdekaan anu dibabakan ku para raja di nusantara teh seuseueurna mah raja-raja anu masantren, atuh waktos masa pergerakan tug dugi ka Sumpah Pemuda na seuseueurna mah pamuda anu kungsi masantren boh di pa HOS Cokroaminoto atanapi di ajengan-ajengan pilemburan, malah apan basa perang fisik namah seueur santri nu janten tentara teh, eta weh gening namina oge aya sari-sari ajaran santri sapertos Jundullah, Hisbullah, Sabilillah jrrd.
Ema………….., mun abdi lulus SD tahun ieu, atuh Ceu Eha lulus MTs tahun ieu, oge Kang Uha lulus SMA tahun ieu, kedah kamana abdi sadayana ngalanjutkeun sakola ?, meh bisa jadi pamingpin sapertos para pendiri NKRI.