Dua ayat pamungkas surat Al-Fath

Mantena Dzat anu parantos ngutus  Rosul-Na kalawan ngutus anu make pituduh jeung agama anu hak (Islam), supaya Mantena ngaluhurkeun eta agama Islam ngelehkeun sakabeh agama-agama sejena; cukup ku Allah nu nyaksian kana ngelehkeunana ka sakabeh agama-agama sejena ku agama Islam (anu geus dijangjikeun ka para mu’minin, oge nyaksian kana sahna nubuwah Nabi-Na Muhammad SAW)

Muhammad teh utusan Allah, jelema-jelema anu babarengan jeung mantena (para mu’minin) pohara kerasna (bengis) ka jelemaq-jelema anu kalafir (kafir-kafir musuh), bari silih parikanyaah silih parikaasih diantara maranehna; anjeun (Muhammad) nangenan maranehna (para mu’minin) raruku, sarujud, nyaluprih kurnia ti  Allah  jeung nyaluprih karidoan ti Mantena; tanda-tanda aranjeuna aya tapak sujud dina pameunteu-pameunteuna; (tegesna : Ciri-ciri mu’minin tembong – ebreh dina taar-taarna tina tapak sujud dina sholat jeung loba ibadahna tipeuting jeung tibeurang, Saur Az-Zuhry :” Tempat-tempat sujud, bakal jadi tiantara jasad beungeut anu pangpohara-poharana bodasna di poe kiyamah”. Ibnu Abbas r.a. parantos nyaurkeun kieu : ” Bodas anu nutupan beungeut-beungeut di poe kiyamah”).

Eta sifat-sifat anu diterangkeun bieu teh, sipat poara mu’minin dina Toret jeung sipat para mu’minin dina Injil. Sipat para Mu’minin anu diterangkeun dina Toret jeung Injil saperti anu diterangkeun dina Quran bae, nyaeta lir ibarat pepelakan anu anakan laleutik heula mimitina sarta leuleus, saterusna unggal waktu nambahan kuat jeung nambahan gede tuluy jadi heuras ajeg tur lempeng tangkalna sarta kuat, nepi ka ngabungahkeun ka para pangebona. (Nyakitu deui kaum Muslimin oge, dina mimitina saeutik sarta leuleus, tuluy ngalobaan jeung terus-terusan nambahan kuat), nepi ka jadi mikakeuheul  (ngajengkelkeun) haqte jelema-jelema anu kalafir. Allah geus ngajangjikeun  pangampura jeung ganjaran anu gede pikeun jelema-jelema anu ariman sarta maranehna marigawe amal-amal kahadean tiantara maranehna (para Sahabat Nabi SAW)

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply