Duruwiksa

Duruwiksa 1
Mang, nembe tiasa ayeuna abdi ngintun serat . Perkawis bapak barudak tea Mang, dugi ka dinten ieu teu acan aya perobihan anu pikabungaheun (nalaq henteu, neang henteu). Anu puguh tea mah pikasebelen bae, kana biaya sakola barudak hararese (akhir bulan kakara masihan jabi tara pol). Tos puguh ari ka abdi mah tara pisan, memang ku abdi oge tara diarep-araep ieuh, emutan teh pantes teu ngaresikoan ge da tara ngaladenan (bumi ge misah), kapungkur oge nuju sabumi, osok ngaladenan mindeng tara diresikoan.
Mang, Sareng Kang Soleida (anu ngaleresken tea) abdi teh dugi ka dinten ieu teu acan kantos pendak deui.
Sangkian abdi mah Mang, bapana barudak teh can puas lamun abdi masih keneh hirup mah, sabab bisi abdi mendak kabingahan. Sigana teh nalak moal, da bisi aya nu miharep ka abdi (sieun kaluhuran beunghar), teras bae milarian cara kumaha carana sangkan abdi kasiksa batin.
Mang, dugi ka sasih nopember teh tos 5 (lima) sasih lamina abdi kaluar ti bumi bapana barudak teh.
Mang, pidu’ana bae mudah-mudahan abdi teh sing enggal aya kaputusan anu dipirido ku Gusti Allah da tos 2 (dua) taun teu hade sareng bapa barudak teh.

Duruwiksa 2
Mang, sasih nopember abdi nyeratan, namung teu aya waleran. Ayeuna aya perkembangan, dinten juma’ah (duka siangna duka wengi teu ditaroskeun) Joachim sareng dununganana ka bapana barudak, anu maksadna bade ngawartosan rehna diluar (masyarakat) aya isu dunungan Joachim teh hubungan jeung abdi (Alhamdulillah, ari abdi mah teu nguping nanaon janten weh tengtrem hate teh). Dunungan Joachim ngajelaskeun yen manehna teu rumasa, Teras bae jigana mah nyabit-nyabit kana kaayaan abdi ayeuna. Ku Joachim, bapana barudak dititah neang abdi, basana teh :”balik deui sukur, teu balik deui sukur. Masing sabaraha puluh taun oge moal rek neang moal rek nyerahkeun. Hayang diserahkeun mah urus bae ku sorangan, awewe kaluar ti imah teh nusuz ngarana teu beunang dibere nanaon”. Teu pohoeun deui kana senjata ampuhna (teu nyaah ka anak tere) eta oge disebut-sebut, jeung na deui bapana barudak teh nyabit-nyabit PP no 10, kahartosna ku abdi, lamun abdi naksi, abdi bakal dikaluarkeun tina gawe (tina jadi guru). “Tindakanana kieu teh meunang tatanya ti ahli agama.” Kitu ceuk bapana barudak teh.
Aya nu pikabungaheun abdi teh nyaeta soal barudak, barudak teh dipasihan kabebasan di abdi pek kadieu pek cenah. Tapi abdi teh sangsi keneh soal barudak mah, ngomongna kitu teh , manehanna gede kayakinan yen abdi lamun naksi moal berhasil. Lantaran manehana bakal mempersulit dina proses naksi teh. Tapi dugi ka dinten ieu mah kaputusan abdi tetep hayang pisah, naon bae oge akibatna.
Teu bingahna teh Mang, hiji, nyaeta manehanana teu daeken nalak abdi, da sieun hartana (tepung kaya) aya anu kudu dibikeun ka abdi. Ari abdi nu naksimah, abdi teu aya hak samasakali (jaba nusuz tea) kitu kira-kira perkiraan manehanana.
Soal harta, Alhamdulillah dugi kadinten ieu, abdi tetep kana kaputusan anu tipayun (moal arek diperkarakeun), lamun tea mah aya oge hak abdi, paling abdi mah rek nyarios kieu : “ Pek bae titip sampeureun jaga di akherat”.
Anu bade ditaroskeun teh Mang :
1. Ku kaayaan bapana barudak nyarios kitu ka Joachim (anu diluhur), kedah kumaha sikep abdi ?
2. Iraha abdi kedah sumping ka mitoha (maksadna bade nyuhunkeun dihapunten salami abdi jadi minantuna pasti seueur kalepatan), naha memeh beberes, atapi engke bae saatos beres?

Duruwiksa 3
Mang, surat nu ayeuna dikintunkeun alamatna Respend Kumpai, margi ieu serat dipidamel di Respend Kumpai , da abdi jeung barudak tos di Respend Kumpai deui, tepatna mah ti dinten saptu 14 januari 1995 kinten-kinten jam 5 sonten. Kajantenana kieu, kemis 12 januari 1995 jam 12 siang Enrico dx kejang teras teu emut rada lami oge (kinten-kinten 10 – 15 menit panginten). Abdi teh kacida soakna dibantun ka RSU, diopname dugi ka dinten saptu 14 Januari 1995. Ti sateuacan ka RSU Enrico dx sababaraha kali ngajak abdi ka Respend Kumpai, dibangbalerkeun repeh budak teh. Di rumah sakit oge, begitu emut, pamentana teh kitu jeung kitu bae siang wengi oge. Ka bapana oge nyarita :”Uihna hoyong ka Respend Kumpai sareng mamih”, cenah. Ku Emang tiasa kabayangkeun, kumaha bingung na abdi ?.
Enrico dx aya kamajengan, rada damang teh disamping atoh bingung na oge tambih ageung. Nya abdi teh miwarang Samuel ka Emangna Bilbao, pangnaroskeun kedah kumaha Janet (abdi). Nya anjeuna sumping ka Rumah Sakit sareng bapana Bilbao, anu kasimpulana mah abdi kedah ka Respend Kumpai deui bari dianteurkeun ku aranjeunna. Mung kumargi uih ti RSU burit teu cios dianteurkeun margi pameung saurna teh, mung peupeujeuh abdi kedah ka Respend Kumpai , bari aya basa “turut apa sakali ieu wae”.
Enjingna, Emangna sareng bapana sarumping, ngariung. Janet, Bilbao, Emangna sareng Bapana. Emangna wera kana kaayaan rumah tangga Janet, teras masihan nasehat anu panungtunganana mah keukeuh kudu rumah tangga. Dina Riungan Janet teu nyuhunkeun seueur, anu disuhunkeun ku abdi nyuhunkeun dihapunten ka sepuhna Bilbao sareng ka Bilbao, teras Janet nembrakkeun karumaosan Janet teu nyaah ka anak tere, joledar ka kolot teu tiasa sumujud ka salaki, Janet anu ngalantarankeun Bilbao teu ngalaksanakeun kawajiban sabage salaki (teu nganapkahan, salingkuh, teu ngawajibanan jstna) sakumaha tuduhan Bilbao ka Janet yen abdi teh sakumaha anu disebutkeun diluhur. Malih mah ditambihan ku Janet teh, muji kabela Bilbao ka kolot Janet anu lumpuh (bapa), ka anak Yatim (Myora) jstna. Janet teh tos teu tiasa nuturkeun kahayang Bilbao, nepi ka Janet kaluar ti imah, maksudna ngundurkeun diri. Bilbao mah nyela basa Janet nuju nyarios
Bela ka kolot anu lumpuh, pok na teh, teu kudu sindir sampir ceunah ayeunamah, da meureun karasaeun yen manehna teh teu kitu, saur janet teh, ieumah karumaosan Janet teu tiasa males kanyaah kang Bilbao anu sakitu saena. Ari Ceuk Emangna teh deuih “memang kudu kitu”. Duka kamana maksud cariosan emangna teh. Kahartosna ku Janet mah jiga anu satuju kana cariosan abdi (kudu ngelehan)…..Eh ! Cariosan Janet teh dihartoskeun yen Janet teh daek deui rumah tangga. Pokna teh :” Tah ayeuna Janet geus menta dihampura. Geus rumaos kitu-kitu, piraku Bilbao teu ngahampura. Pek ayeuna mah geura rumah tangga deui kalayan bener, nurutkeun sakumaha ajara Islam.
Ya Allah ! Mang, poek weh Janet teh tos kitu mah, Janet teu dipaparin kakuatan kanggo sakali deui nyebat geus teu bisa nuturkeun kahayang salaki. Cape teh karaosna ku abdi bakat ku teu bisa ngedalkeun, nerangkeun kahayang Janet secara blak-blakan. Ari sugan di riungkeun teh , rek ngabulkeun kahayang Janet sakumaha anu dibadamikeun waktu Janet sumping ka emangna (sakumaha saran tina surat ti Emang, Janet sumping ka sepuhna) yen Janet teu aya harepan neraskeun rumah tangga, teu kuat.
Ku kaputusan dina riungan teh ngalantarankeun Janet gering, Mang, gering anu karasana ku Janet payah pisan, gering piker Janet teh, ari awak mah jagjag, ngan jadi begung, pias, carelong, teubih pisan dibandingkeun sareng nuju di Respend Apus mah. Ari wengi mondok tara tibra, seseringna mah ngalamun, gelisah, jantung teu puguh rasakeuneunana, sampean cebrek, puyeng, tiris, kesang tiis ngabanglor, pikiran malaweung, boro-boro bisa mikir, cape teh , pikiran teh alah batan naon. Janet teu tumarima kana kanyataan, Janet putus asa. Tapi mun tos tahajud, teras istikhoroh, teras hajat, teras ngadu ka Gusti Allah teras maca Quran sok rada sakinten, malih mah sok aya deui akal.
Ayeuna teh Janet bade ngusahakeun teu kaluar ti bumi (kabur) mun tiasa mah hayang meuli hatena, sugan bae ari kabeuli hatena mah, Bilbao daek nalak, kalawan teu aya kagorengan. Janet teh tetep (dugi kadinten ieu mah) teu hayang rumah tangga, teu kuat Mang.
Bilbao oge ayeuna teh keur meuli hate Janet meureun, da meuni daekkan saperti gegeroh, nyeuseuh, katel hideung pisan ge meuni jadi herang, eta teh hal anu biasa tiap tos pasea. Anu atos-atos mah tara lana daekan na teh kaditunakeun mah pikasebeleun, pikajengkeleun, pidorakaeun deui bae.
Basa dina riungan teh Janet nyarios yen Janet geus teu percaya deui kana kasanggupan Bilbao sabab pernah jalir. Bilbao mah babari nyanggupan kana naon anu dicaritakeun ku kolot, kanyataan euweuh. Janet mah teu kedal ucap kana syarat ti kolot Bilbao (kudu nyaah ka anak tere, kudu bruk-brak/ulah salingkuh). Beres diriungkeun Bilbao nanya deui “Kersa artos dihijikeun?”, “Mangga” Cek eng teh.
Masih dina riungan Bilbao nyarita hareupeun kolotna, boga duit cenah saanu, cukup sakalieun ibadah haji bari samporet-samporet bae mah, oge salingkuhna ka anakna dicaritakeun hareupeun kolotna. Ringkesna mah Mang :
1. Janet teu puas kana putusan hasil riuangan
2. Bilbao waktu ngadu ka kolotna loba anu teu sesuai jeung kanyataan (mitnah Janet, muter balikkeun fakta). Hal ieu kapendak tina cariosan kolot Bilbao waktu ngariung. Tah ieu anu leuwih nyeuri karaosna ku Janety.
Ngariung teh dinten minggu. Enjingna (senin) Janet nyarios ka Bilbao yen Janet gaduh masalah. Janet teu tiasa mecahkeun, cobi pangmecahkeun ku Bilbao, masalahna teh nyaeta ari didieu teh (Respend Kumpai) tara daek sare, loba anu karasa, lieur tea, baraal tea, kana dahar teu hayang, padahal di Respend Apus mah tara kieu, disebatkeun teu betah didieu da betah, saur Janet teh.
Bilbao can bisaeun mecahkeun cariosan Janet, duka api-api teu ngarti, da cenah kamana maksudna ieu caritaan can katewak, naha kudu uubar atawa kumaha, ieu teh da aya maksudna ngan Janet nyampeikeunana sacara diplomasi siga anu heurin ku letah cenah.
Ku Emang tangtosna oge kahartos cariosan Janet ka Bilbao diluhur, maksudna hayang pipisahan, Janet teu kuat ku adat gorengna. Serba salah ngahiji jeung Bilbao mah, Janet mun nyarios sakumaha kanyataan , pokna malik-malikeun, terusna kana pasea. Janet teh kedah nyarios anu salah, sapertos rumah tangga kieu teh gara-gara dosa Janet. Bilbao nyieun kasalahan teh Janet penyebabna jstna.
Mang!, kedah kumaha Janet mayunan Syetan model kieu, da Janet oge ari diwarah teu baleg mah, geuning jadi teu baleg. Janet teh kapungkur mah teu kieu kasalaki teh. Kasieun Janet teh, Janet nyieun hiji pagawean anu ngancurkeun diri Janet sorangan saperti anu atos-atos (kaluar ti imah) atawa leuwih ti kitu (nyieun kalakuan anu hina anu nirca) da Janet teh manusa Mang, lain malaikat. Digoda bae ku kalakuan syetan (Bilbao). Karaos ku Janet, beuki dieu teh beuki teu baleg Janet teh ngahiji sareng Bilbao mah. Janet teh menderita lahir batin. Berat pisan karaosna teh. Padahal nuju di Respend Apus mah, Janet teh teu sumpek teuing, Janet sehat, salira lintuh, emutan bangblas. Ayeuna lebet deui ka gedongna Bilbao, nembe sababaraha dinten ge (3 dinten) tos sagala karaos, teu puguh rarasaan, teu puguh pipikiran. Sakali deui Mang, Janet sieun midamel perbuatan hina anu ngawirangkeun kaluarga (turunan) Janet nyeri Mang, bakti Janet, kataatan, kabelaan, kanyaah Janet ka salaki teu ditarimakeun, kalah mulang tai bari jeung daek mitnah (cenah Janet tara nyampakkeun cai-cai acan ari balik jumaahan teh jstna). Padahal Janet teh berusaha taat jsjbna teh meunang ngusahakeun sataker tanaga, sabeakna kamampuan Janet, malah mah nepi ka kageringan, awak ngajangjawing. Bilbao menta leuwih, menta ditingkatkeun. Bari Bilbao sorangan boro-boro ngarasa salah bae henteu. Keukeuh nekeunkeun kasalahan aya di diri Janet sorangan, sakitu geus diesek-esekeun oge ku kolotna……..eh teu eraeun, basa Janet ngomong yen ieu teh kabeh oge gara-gara dosa Janet ka Bilbao. Teu…teu eraeun, teu mikir Mang.
Mang!, Janet teh masih teras hoyong nyerat ieu surat, hoyong ngabudalkeun katugenah, kanyeurian, mung hanjakal pikiran Janet tos cape. Upami tiasa mah Mang, upami Emang rada salse, barudak sarehat , Emilda ngawidian, Emang teh ka dieu, sono ongkoh.

Duruwiksa 4
Mang !, Janet ngintun deui serat, anu eusina teu aya deui iwal tipangbudalan eusi hate anu salawasna tugenah, nyeri teu lipur-lipur ku kalakuan Bilbao anu enggeus-enggeus. Sigana teh Mang , masing jadi alus oge kalakuan Bilbao ayeuna, tetep Janet teu narima, salila manehna can sadar kana kalakuan baheula (manehna kitu laku teh nyalahkeun Janet, contona : dina riungan manehna ngomong :” Teu ngalaksanakaeun kawajiban sabage salaki/sare pisah teh, kusabab ningali wajah Janet anu haseum”. Jadi manehna doraka teh Janet panyebabna. Padahal kituna teh lain ayeuna bae, tapi ti bareto, ti waktu Janet ngalahirkeun Beatric, begitu gubrag Beatric lahir, langsung pindah sare, teu keur pasea, atawa Janet ngabaeudan, biasa keur akur. Waktu haritamah Janet teh ukur sumuhun dawuh, rek pait rek peuheur ge diteureuy, tara wani ngomong komo lamun protes atawa aya kahayang sakumaha galibna pamajikan ka salakina. Teu diresikoan lahir batin oge rido bae haritamah da hayang rumah tangga manjang , budi/roman beungeut waktu harita mah marahmay bae dikitu-kieu oge, sanajan dijero mah rajet. Jadi Janet teu narima disalahkeun lebah dieu. Conto anu kadua, baheula basa anyar kawin , anak na teh pan ngahiji (saimah jeung Janet), ari anakna teh resep ulin di imah tatangga (hareupeun pisan) , da Janet deui wae anu disalahkeun teh, cenah kusabab kurang kanyaah ti Janet, jadi bae budak teh betah di imah batur. Harita teh kanyaah Janet teh (perhatian terutama) keur meujeuhna tamplok, leuwih ti manehna lantaran Janet mah tere tea, jadi leuwih sieun, leuwih paur da anak batur. Manehna mah sapopoe hees, teu nyahoeun kabangoran anakna. Geura bae manehna mah hudang isuk-isuk teh jam 11. Bada lohor teh hees deui, hudang asar, tipoporose volley ka Respend Apus, balik dur-duran magrib. Ti magrib nepi ka sare budak nyahoeun kalakuan anakna teh ngan sajam-duajam. Cacak sakitu sakeudeungna manehna kungsi nyarita ”Pohara nya Janet, budak teh ngadoja-doja teuing “. Janet ukur bisa repeh waktu harita. Padahal jero hate mah ngomong kieu “komo aing mah ngurus unggal poe “ Ari kahayang Janet teh warah ku manehna budak pikasebeleun teh, da ari Janet mah teu wani bisi salah tampa. Ulah diwarah gawe mah, atawa diwarah alus ahlak. Cik atuh sina diajar-ajar nginum ku sorangan kahayang teh (lamun nginum teh kudu ku urang diasongkeun kana sungutna, teu daekeun nginum sorangan, komo dahar mah). Harita teh umurna kira-kira 5 taun (usia TK). Ayeuna Enrico dx nurut pisan ka lalaki contona ka Samuel, Yohanes jeung Jalisbur malah mah ayeuna-ayeuna nurut ka anakna Bilbao, Si Enrico dx teh sagala hayang ku anak Bilbao, nepi ka diuk ge kudu pagegeye sakorsi, lamun balik anak Bilbao teh , da ngamuk hayang milu, siga ka Samuel bae, lamun rek balik teh, hayang milu. Lamun si Enrico dx kitu wae, sigana hiji waktu Janet rek ngomong kieu “Siga anu kurang kanyaah ti Bapa Enrico dx mah, tiap ka lalaki nurut, sakitu totomplokanana ka Enrico dx mah. Teu kenging nyaah teuing geura. Supados teu nurut ka saha bae. Ka ramana wungkul bae bade nurut mah”.
Keuheul Janet teh. Pedah anakna ulin di imah batur. Janet anu salah. Si Enrico dx ge ayeuna resep ulin di imah tatangga deuih (gigireun). Betaheun pisan deuih di Respond Apus, komo aya Jalisbur (salaki Josepin) mah, lain sapopoe deui, mondok oge hayang jeung Jalisbur, lamun teu diolo-olo mah. Teu majar maneh tah mangkeluk teh. Teu ngarasa aya nu salah saeutik oge di dirina. Hare-hare bae. Kahayangna mah nyalahkeun Janet jeung Enrico dx tangtuna ge.
Bilbao mah jiga komunis, osok memutar balikkeun fakta. Soal manehna salingkuh oge, da Janet cenah panyebabna teh, nurutan Janet cenah teu bruk-brak teh. Mangga emut ku Emang, Janet didamel teh (berarti gaduh artos/gajih). 3 taun saatos nikah, manehna begitu nikah oge tos gaduh artos, waktu harita Janet kakaratak (hese pisan mere resiko) cukup ku euweuh. Dina sorog aya duit 6 juta. Boro-boro mun mere, bebeja oge henteu. Tah kitu kajadian oge. Janet tetep anu disalahkeun. Janet panyebab manehna salingkuh. Kamari, dina riungan nyalahkeun Janet teh. Jadi nepi ka ayeuna manehna teu ngarasa salah saeutik oge. Nu salah Janet. Janet penyebab teu bahagiana rumah tangga. Janet panyebab sagala kasalahan.
Mang !, Hapunten seratanana acak-acakan pisan. Ieu serat didamelna jam 1 wengi. Janet teh lilir duka jam 11, duka jam 12. Ari lilir teh langsung we motah dada teh, inget bae kana kanyerian ti Bilbao. Bari ngagoler teh , Janet ngadu ka Gusti. “Gusti abdi teh nyeri-nyeri teuing ku nu ngaran Bilbao Darkindy, Gusti langkung uninga kana kanyerian manah abdi, kumargi kitu mangga nyanggakeun”. Teras Janet babacaan. Teu sabaraha lamina, ana gorowok teh Bilbao koplok-koplokansareng anjing-anjingan. Sigana mah kaluar oge kakupingeun ku ronda, da ka kamar Janet oge (Janet jeung Bilbao nepi ka ayeuna oge misah kamar) Jelas kajantenana kinten-kinten jam 12. Ari keur saur manehna ngalalakon, cenah gundam bari ningalikeun sukuna, kuku sukuna teh pinuh ku tembok bakating kutarik najongan tembok, bari gogorowokan teh., sihoreng sukuna oge tatajong. Nyeri cenah suku teh. Eta mah da Janet, seuri nepi ka cirembay, ti saprak ka Respend Kumpai kakara Janet seuri, jaba seurina anu teu beunang ditahan tea. Remeh mani boborot. Manehna oge seuri da nyaritakeunana rada ngabodor. Padahal mah Janet teh nyuhunkeun ka Gusti ulah hoyong seuri. Da salila ieu teh Janet teu mere budi nu marahmay jiga bareto, jeung jaga jarak deuih. Ngan ngomong jadi lemees pisan ayeuna mah, ngasongkeun cai oge bari deku. Tara ngomong ari teu ditanya mah, kecuali saeutiksaeutik, contona nanyakeun hayang jeung naon deungeun sangu. Cohagna mah jauh Janet baheula jeung Janet ayeuna. Rujit ku kalakuanana. Tah Mang, kaayaan Janet ayeuna teh kitu (suka ningali Bilbao cilaka teh, komo lamun leuwih ti kitu mah). Ka batur mah teu kitu.
Cik Mang !, kedah kumaha ngomean (ngubaran) Janet. Janet teh ayeuna teh gelo nya Mang, akibat dianiaya ku Bilbao. Kedah kumaha sangkan batin Janet tengtrem, sangkan Janet narima ieu kanyataan ?. Eh..Mang, basa Janet ka kolotna, kolotna nyarita, duit gajih serenkeun ka Bilbao, kumaha Bilbao arek kukumaha oge, teu ngaboga-boga, eta teh duit Bilbao cenah Janet teh kudu ngomong kitu. Kamari tanggal 1, ku Janet teh diturut omongan kolotna teh. “Mangga ieu artos” bari diteundeun amplop gajih dina meja hareupeunana. Janet diuk hareupeunana. Ku Bilbao diilikan, ngan teu dibilang (teu dikaluarkeun duitna). “Simpen we” cenah. Ku Janet teh dicokot bae, tapi poho kabina-bina Mang. Janet teh teu nyebut nuhun. Padahal ayeuna mah mun dibere keur ka pasar teh sok nyebut hatur nuhun. Waktu harita Janet nyarita, yen Janet boga hutang, Bilbao nanya sabaraha jeung kasaha. Ku Janet dijawab saperluna. Eta duit gajih teh ku Janet dicokotan bae dipake resiko sapopoe jeung kaperluan sejenna. Duit Bilbao di Bilbao. Teu……….Janet mah teu hayang menta, masing beak oge duit gajih, kajeun nginjeum ka batur, ari Bilbao na teu hideng mere mah. Najis, kudu pepenta ka mangkeluk model kitu, enya oge butuh. Boro-boro ayeuna geus kieu kaayaanana , bareto oge, euweuh karidoana mah, teu loba pepenta Janet teh. Teu diresikoan nepi ka 2 taun leuwih (bareto) oge, Janet teu menta. Jaga balitungna di aherat, da diingetan di dunya mah, moal henteu, kana ngajak pasea. Masing kamari dina riungan hahampuraan oge, Janet teu ngabebaskeun hak Janet anu teu dibikeun ka Janet.
Mang !, dorong du’a ku Emang oge ku Emilda, Bilbao teh sing sadar yen manehna geus teu bisa ngahiji jeung Janet, dipaksakeun oge kalah tambah dosa, utamana dosa Janet, da Janet mah boro-boro mun resep, keuheul bae nu aya, semu, teu percaya, teu nyaah, teu bogoh, geuleuh, keuheul, dendam ngageremet ka Bilbao teh. Wallahu Bilbao mah, boa ayeuna mah rek bener.
Tapi, Sanajan Bilbao niat bener, ari Janet geus teu narima mah, Janet geus teu percaya mah kumaha…… Nambahan pan dosa Janet. Kahayang Janet teh, Bilbao anu boga niat nolak Janet, jadi moal aya kagorengan. Sugan bae ari euweuh kagorengan mah, manehna nyaaheun ka anak-anak Janet. Daek ngabiayaan sagambleungna jiga tea anakna anu tiheula. Nepi kadaek ngorbankeun rumah tangga oge (teu nyaah ka anak Janet anu 3) ngabelaan anak anu hiji.
Basa Janet di Respend Apus keneh, nitah eureun les ka si Beatric sabab embung ngabiayaan, padahal biayana teh ngan salawe rebu sabulan. Ari ka anakna anu tiheula mah saratus rebu sabulan (cenah) teu kudu dipenta, hideng, beas dua puluh kilo sabulan (cenah) , mayeng deuih. Anak Janet mah bulan-bulan di Respend Apus, Alhamdulillah teu saketip-ketip acan.
Da, embung elehna Mang. Ceuk Janet teh ripuh rumah tangga teh kudu beubelian bae tanah teh, gajih genep puluh rebu kudu meuli tanah. Nembalanna teh, kapan kudu berakit-rakit ke hulu berenang-renang ke tepian, ayeuna ku Janet karasa senangna, tanah anu dibeuli harita, tuluy dijual, duitna dijieun imah sewaan, karasa senangna geus boga imah sewaan mah ku Janet cenah. Ceuk Janet teh senang kumaha mimindengna mah tara dibere Janet mah tina imah sewaan. Enya rumasa cenah kamari keur di Respend Apus tara dibere ceuk Bilbao. Ceuk Janet teh teu ngarep-ngarep ieuh kamari mah, boro-boro kaluar ti imah aya alesan, saimah oge mindeng teu dibere.
Kolotna ngan ukur ngomong, “salah Bilbao atuh kitu mah” teu leuwih teu kurang. Ari kahayang teh, lamun sakali-kali deui kitu kolot anu rek tanggung jawab, rek misahkeun lamun Janet teu rido. Ayeuna oge duit sewaan, duit bati jual beuli Bilbao, teu dibikeun ka Janet. Tapi soal ieu mah teu jadi pikiran keur Janet, malah atoh anu aya, sugan wae ku jalan ieu pisahna Janet jeung Bilbao teh.
Du’akeun Mang, Janet ulah nepi kanyieun kasalahan, kasalahan teh sing aya di Bilbao.

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply