H. Hasan Cimareme Garut

Kajadian di Cimarémé dina taun 1919 matak génjlong wewengkon jajahan Hindia Belanda, puguh ning tatar Garut mah. ‘Banjir getih di Cimarémé’, kitu nelahna éta kajadian. Haji Hasan Arief katut kulawarga jeung warga Cimarémé, perlaya ditarajang pélor bedil soldadu Walanda. Kajadian Cimarémé jadi bukti kasarakahan pamaréntahan kolonial, anu dijalankeun ku Bupati Garut jeung réngrénganana harita.

Mémang aya sababaraha versi ngeunaan titimangsa kajadian jeung hal-hal lianna (salah sahijina pernah dicutat dina tulisan Ngadu Kuda Dulu, Baru Urusan Politik: Kisah Bupati Soeria Karta Legawa (1919)). Tapi, keun waé sual éta mah urang sérénkeun ka para ahli sajarah. Anu pokona mah, nyutat tina bubuka novel ‘Banjir Getih di Pasantren Cimareme’ (2007), karya sastrawan Aan Merdeka Permana, cukang lantaran éta kajadian di Cimarémé téh singketna kieu:

Dina taun 1918, Pamarentahan Hindia Belanda kudu mantuan Prancis dina Perang Dunya I. Kaayaan sosial-ekonomi Nagri Belanda kaganggu. Pikeun ngungkulan bubutuh nagara, nya nguyang ka nagara jajahan. Ka tanah jajahan di Nusantara, contona.

Di Pulo Jawa, Pamarentahan Belanda mere kawajiban ka rahayat jajahan sangkan ngajual pare dua pikul saban usum panen. Tapi Kangjeng Haji Hasan Arief ti Pasantren Cimareme Garut nolak sapajodogan.

Tina urusan ieu getrengna jeung Belanda teh. Malah tina urusan pare, Pihak Belanda ngancam-ngancam bakal ngagempur Cimareme mun Kangjeng Haji keukeuh-peuteukeuh wangkelang moal deuk ngajual pare.

Balukar tina kajadian Cimarémé téh pamaréntah Hindia Belanda béak karep dikritik ku kalangan aktivis gerakan jaman harita, utamana mah ku kaom Sarékat Islam (SI). Tapi pamaréntah kolonial teu éléh géléng, malah néang “kambing hitam” provokator kajadian Cimarémé. Nya hasil maranehna ngaréka téh, kasimpulanana, provokator kajadian Cimarémé téh gorombolan anu kasebut SI Afdeling B. Ku sangkaan nu taya dasarna ieu pisan, disebutna mah hasil investigasi, pangurus SI dicangkalak jeung dihukum. Di antarana waé Tjokroaminoto, Agoes Salim, Abdoel Moeis, jeung réa-réa deui.

Kumaha sabada kajadian di Cimarémé? Urang cutat dieu eusi novel Banjir Getih di Pasantren Cimareme, kieu:

Sanggeus kajadian banjir getih di Cimareme, sakumna pasantren anu aya di wewengkon Garut, malah di satatar Priangan, ku pihak Belanda henteu weleh dititetan henteu weleh diintip-intip. Saban waktu ka saban pasantren sa-Priangan teu weleh didatangan ku juru telik anu rerencepan ngimeutan bisi pasantren nyieun euwah-euwah anu ngarugikeun katengtreman pamarentah jajahan.

Ari ti kajadian harita, tepikeun ka puluh-puluh taun lilana, nyaeta tepikeun ka Indonesia merdika, di wewengkon Cimareme bisa disebutkeun arang kapanggih lalaki jagjag ari lain awewe jeung aki-aki atawa budak mah. Eta teh ku sabab sanggeusna kajadian, saban lalaki belejag mah ku Belanda teu weleh dicangkalak atawa diudag-udag. Jadi keur kaamanan diri mah, para nonoman utamana, leuwih hade lunta ti lembur we heula.

(tina blog “naratas garoet”)

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply