Indung……

Nu ludeung ngandung jeung ngalahirkeun kuring
Ukur lantaran kahayang anu sok anyaclang di megamalang
Nu ludeung ngasuh jeung mere harepan ka kuring
Ukur lantaran hayang boga anak anu soleh
Nu ludeung sangsara sangkan kuring bisa sakola cara nu sejen
Geuning Anjeun mah tonggoy we kana kakuduan

Kiwari Enin……………..,
Hanca hirup meh na pupudunan simagonggong
Uteuk tongo walangtaga eces dina tingkecewisna gogoda
Sumawona ari butaterong jeung kalawangsa mah
Ngabetem malah andiprek dina do’a Anjeun
Ukur bisa ngucap Anjeun indung sajati
Lilinggeuran beuki yaqin, kuring lahir bagian tina harepan

Kiwari Enin……………..,
Hideungna poek lain aleusan pikeun tetep mubuy alak paul
Ongkoh cimata Anjeun teu weleh ngagerendeng dina tiisna janari
Tanda langit belah ku sujud Anjeun
Itungan (wahtisaban) Anjeun jeung nu Boga
Mere kasempetan pikeun kuring ngahisab diri
Angkeuhan nu boga langit jeung bumi mere luang pikeun lengkah anyar
Hapunten Enin…………………, abdi joledar.

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply