Keur Budak nu 9

Pek, barudak sing barisa nyeceb jeroning taneuh pakuning alam
Bral, barudak sing barisa miang dina amarah, lawwamah jeung muthmainnah
Prung, barudak sing barisa ngapung nyusur tungtung alak paul

Ngan kahade, amanat abah anu disaksian ku ibu yen 2 kalimah syahadah teh sing jadi akar jeung pucuk hirup.
Kahade ngaji sing boga hanca
Kahade solat sing ajeg.

Omat, sing bisa mihapeken biwir, da basamah teu meuli
Omat, sing bisa mihapeken lampah, da jalma mah miyuni hanif
Omat, sing bisa mihapeken pikir, da kawijaksanaan mah teu kakurung ku aturan
Omat, sing bisa mihapeken hate, meh eunteung hirup teu poek jeung rumek

Baeu anaking, hidep anak ibu…………..
Bral, kasep……..
Bral, geulis……..
Geura teang kanyaah nu miboga alam katut pangeusina (qodo/­qodar) ku ngamanfaatkeun hirup hidep sewang-sewangan.Cag.

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply