Keur Ki Santri

Sing teger anaking, tuh tingali karang dilaut, kateunggar ombak unggal detik, angger nangtung teu robah ukur ku pamenten batur. Aya tilu rupa peta batur, lantaran sikep urang:

1. Satuju, terus muji kana naon2 nu dipigawe ku urang. eta lain tujuan

2. Teu panuju, terus ngajejeleh pagawean urang, majar ukur ngaheurinan. Eta oge lain tujuan urang.

3. Hare-hare, satuju henteu-teu satuju henteu.

Anaking,……jimat awaking. Eta sakabeh (nu 3 diluhur) ukur gogoda. Urang Sakabeh cicing di Pasantren lain keur jelema (lain keur Asatidz-ah, lain keur nu boga Pasantren, lain keur …….. sasaha, wungkul keur diri urang dina raraga tatahar jadi “Khalifah Fil Ardi”….sakamampuan sewang-sewangan). Omat…….ulah rek dipake leutik hate, komo bari kudu incah balilahan, make boga hate hayang balik………..

Abah apal kana naon-naon nu karandapan ( karudet, kasedih jeung sarupaning rasa nu nyelekit …. matak nyeri ) ku hidep sakabeh, keun … we itung-itung “kifarat”.

Wayahna geulis……Omat bageur…… Sing apal kana jerona kahirupan, teuleuman talaga kanikmatan ngurus santri…….meh bisa jaga ngurus anak sorangan.

Satemena, pasantren anu mibanda harti tempat nyuprih ilmu kahirupan teh aya dina dada-dada urang sakabeh, hartina pasantren teu kudu kawengku ku wangunan nu ngajungkiring malah anegleng, malah bakal leuwih merenah mun pasantren teh ngajangelek diunggal imah umat Islam.

Anggur urang ngado’a babarengan urang sakabeh sing dipasihan kakuatan sangkan bisa tumarima………, sangkan bisa ngaronjatkeun kataqwaan/kaimanan/kasholehan meh bisa ngadegken bebeneran sok sanajan loba gogodana. Cag

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply