Ki Sunda
( Leuwih loba nyawang kahareup batan nyoreang alam katukang )
Cenah Ki Sunda Teh :
Sok ngabadega, ngawulaan nu di bendo, nepi ka teu meunang ngijing sila bengkok sembah ka dunungan anu papada manusa. Lantaran menak sunda leuwih resep ngajaga jarak jeung martabat anu antukna rahayat teu mibanda ka hayang pikeun ngaronjatkeun ajen dirina.
Cenah ki sunda Teh :
Leuwih percaya kanu hal – hal spiritualisme batan mikir, anu antukna loba kiyai nu ngan wungkul jadi ajengan nu ukur purah di ajeung ajeung. Nu nyaho kana agama ngajangelek jadi jalma suci, nu loba ketan loba keton ngajangelek jadi malaikat Mikail, para manggala ngajangelek jadi wisnu, bari pokna :
Kaula teh kiyai, jeneng jeung manggala anu meunang anugrah jeung dukungan ti Alloh S.W.T, nya kaula pisan anu ngawal hartana, nyepeng elmuna jeung kakawasaannana pikeun ngajalankeun kodrat tur irodatna.
Antukna loba rahayat nu embung mikir bongan mun gering kari menta cai herang jeung kartu keskin, mun can tumaninah ibadah kari milu workshop jeung kartu mualaf, mun katalangsara kari menta do’a, raskin jeung BMT.
Cenah Ki sunda Teh :
Sok mentingkeun eusi batan cangkang anu ngawujud dina rasa ngelehan, someah ka semah anu kamalinaan nepi ka tungtungna jati ka silih ku junti.
Enya cenah, ki sunda teh romantis jeung utopis nepi ka aya sesebutan mun aya urang sunda anu jahat lain tina paktor turunan, da eta geuning mun ki sunda salah mah sok ngomong kieu : ” Punten bae sim kuring teh nuju ka poekan “. Atawa : ” Puguh ge sumuhun, sim kuring teh nuju ka usap kerod.”
Anakitu, ki sunda butuh leuwih loba nyawang kahareup batan nyoreang alam katukang, ngambeh ki sunda bisa ngigelan waktu nepi ka ngigeulkeuna . Ambeh elmu luhung ka sakti diri, paku sarakan, cageur-bageur-bener-pinter-wanter, waras-walagri-waluya, beunghar harta-beunghar harti bisa di rengkenekeun dina padungdung kahirupan khususna pangwangunan mental jeung moral ki sunda pikeun bisa ngadeg dina pangwangunan anu sagemblengna di tatar sunda umumna di sakuliah nusantara.