EnglishArabicIndonesian

Kingkilaban 28

Didieu,

Samak sahelay nyorodcod jurueun pangakuan

Yen hideungna tunduh ukur kesel nungguan baluasna ngimpi diudag barongsay

Mun enya peuting sepi,

Naha naon atuh nu raeng dina hate ?

Didieu,

dina samak salancar jurueun tepas

aya roko, haseup jeung calacahna

urut neangan

tiisna janari wancina aisan

Mun enya dunya teh lana,

naha naon atuh nu sing arutek dina uteuk ?

Share on facebook
Facebook
Share on twitter
Twitter
Share on linkedin
LinkedIn

Leave a Reply