EnglishArabicIndonesian

Kingkilaban 33

Taraje hate nu nangtung di buruan

Iwungna mimiti rek asin

Lantaran adat,

Udagan angger ukur ucang-ucangan.

Panyanateh geus nepi

Umbul-umbul ge asa geus rek katoel

Lilinggeuran

Umur

Horeng paaing-aing.

Taraje hate nu nangtung di buruan

Awina tamiang nu sok meulit  bitis

Hinisna teu weleh ngancam beuheung

Udagan mah

Nukamari nu ayeuna anggeur ngagojod dina simbut janari.

Share on facebook
Facebook
Share on twitter
Twitter
Share on linkedin
LinkedIn

Leave a Reply