Kingkilaban 34

Tunduh ieu jubahna hideung kacida

Impianna oge katambah ku ringsekna awak katinggang berala Liberty

Lolongseran dina kabebasan lilinduran

Ucul ucul : taranjang sabeuleugeunjeur

Patekadan

Uplek malibir noongan bolong bolong kujang

Luwa luwe

Ukur syukur teu kaciwit kulit kabawa tulang

Hanas…………

Tunduh ieu tetecean anu munggaran

Ambu !,

Hihid aing titinggal nini awaking

Urang geberkeu didieu

na sajadah nu retep ku tumbila hate.

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply