Kingkilaban 52

Lalampahan teh geuning geus jauh, baeu ngarambah bauna taneuh beureum

Itungan milang kori ngaranjah tegal siawat-awat malah ngapung jucung ka alak paul

Munasabah,

Ana prak reureuh,  kareret tapak jeblog ku leutak balas balangah

Pan ngimpina oge masih angger diudag barongsay

Umur nu ditutur-tutur

Leuirna alah batan kuda nu ngencar ti gedogan

Ukur ngaberung nafsu ngumbar amarah

Hanas ……………………….

Dada mimiti muriang

Umbul-umbul mimiti pating pecenghul, gugupay!

Aya hanjakal teu bisa nyieun kahadean sapanjang napas malah pasadat

Tetela sasab teh kamalinaan

Asa jauh tina kakuduan

Hanca hirup nu ngan kari satungtung kalakay

Udagana…………………………

Na iftitah jeung Alfatihah, ruku jeung sujud sugan panggih Safaat Nabi tepung Hampura Gusti.

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply