Unggeuk teh lain panuju
mireungeuh kanyataan yen dolim teh toja’iyah jeung kamanusan
Unggeuk nu ieu oge masih lain panuju
rasa ditandasa ukur rarasaan sabab kanyaho urang ngan saukur bagean leutik tina Ilmu-Na.
Kiwari nu ngagudat lain wungkul rasa bedegong
upuy apay dina poek bari hohoak yen Islam ageman nu bener
renghap anu jero kacida mere kasempetan pikeun muhasabah
Islam teh ageman anu bener atawa bener ker ageman manusa?
nu sok ngaruksak atawa nu sok ngawangun jati diri kamanusan?
Gusti, pasihan abdi pangarti nu mahi pikeun nepi ka Anjeun bari kuat ngajalankeuna.
Lalaunan tapi pasti, lalangse ngolesed
ised katebak amanah, sidiq, fatonah jeung tablegna waritsatulanbiya (seug komo Mantena jalmi pilihan)
mubuy nyungseub dina lelembutan anu paling fitri
andiprek waleh, nyangsaya dina Asmaulhusna
pupuh pasrah sumerah mimiti ngawirahma dina dangding acining aci
Undakan langit
Lilinggeran
Umur
Harieum mangsa sareupna
Tetela Islam teh cocok keur kuring
Ieu Syahadat papatah indung jeung bapa ngajadi zimat dina hirup (dina sholat, dina zakat, dina puasa, jeung dina nganjang ka Baetulloh)
Ludeung, lantaran kuring manusa
Untung kuring lahir tur hirup jeung manusa
Tetela Islam teh cocok keur kuring
Ageman nu bener keur manusa nu kawengku dua alam hirup jeun paeh.