Lilikuran

Jeung sawareh tina tanda-tanda rububiyah (kapangeranan) Mantena sarta kasampurnaan qudrat-Na teh, yen saestuna Mantena parantos ngajadikeun asal aranjeun tina taneuh, tuluy dina kaayaan aranjeun geus jadi manusa, ujug-ujug aranjeun galumelar nyebar di sakuliah bumi.

Jeung deui tina sawareh tanda-tanda Mantena, yen saestuna Mantena parantos ngajadikeun jodo-jodo (pasangan-pasangan) pikeun aranjeun ti jinis diri-diri aranjeun, (karana saestuna Hawa dijadikeun tina iga wekasan Adam, jeung sakabeh awewe dijadikeun tina nuthfah lalaki-lalaki), supaya aranjeun carondong jeung ngaduriat ka eta jodo-jodo; sarta Mantena ngajadikeun silih pikacintana diantara aranjeun jeung rohmat (kaasih-kanyaah), saestuna pisan dina eta kajadian teh, nyata jadi sababaraha tanda kasampurnaan kakawasaan Mantena pikeun kaom anu napakuran (malikir).

Jeung tina sawareh tanda-tanda Mantena deui, dadamelana-Na langit-langit jeung bumi, jeung beda-bedana basa-basa aranjeun, jeung beda-bedana warna aranjeun; saestuna dina eta kajadian teh bener-bener jadi sababaraha tanda pikeun jelama anu nyaraho (anu baroga elmu).

Jeung tina sawareh tanda-tanda Mantena keneh, sarare aranjeun ti peuting jeung harudang aranjeun ti beurang bari balangsiar aranjeun nyiar rezeqi tina kurnia Mantena; saestuna dina eta kajadian teh, bener-bener jadi sababaraha tanda pikeun kaom nu harayang ngadenge.

Jeung tina sawareh tanda-tanda Mantena deui, Mantena nembongkeun (ngaburinyaykeun) kilat ka aranjeun pikeun ngawujudkeun kasieun (ka anu keur musafir, supaya manehna sasadiaan pikeun turuna hujan), oge pikeun ngawujudkeun pangharepan (ka jelema-jelama anu henteu keur nyanyabaan kana baris turuna hujan pikeun nyebor tatanena), jeung Mantena nurunkeun cai ti langit, teras Mantena ngahirupkeun (nyuburkeun) bumi dina sabada paehna (garingna) ku eta cai, saestuna dina eta kajadian anu geus disebut teh, bener-bener jadi sababaraha tanda pikeun kaom anu baroga akal ( anu hayang ngarti).

Jeung tina sawareh tanda-tanda Mantena deui, ngadegna langit jeung bumi ku parentah Mantena; tuluy dimana Mantena nyaur ka aranjeun ku sakali panyaur (pikeun kaluar) ti jero bumi, sakedet netra ujug-ujug aranjeun riab kalaluar (ti kuburan-kuburan aranjeun).

Atuh mung wungkul kagungan Mantena sing sakur nu aya di langit-langit jeung di bumi; eta kabeh oge taro’at (tarunduk)  ka Mantena dina hirup, dina tetepna, dina maot jeung dina hudang deui, sanajan anu daroraka dina ibadah.

Jeung Mantena anu ngajadikeun maqkhluq mimiti, tuluy Mantena bakal ngabalikeun deui ngahirupkeun eta makhluq  (dina saba’da maotna); sedeng eta ngabalikannana dei teh leuwih gampang ka Mantena; jeung Mantena nu kagungan sifat nu langkung luhur di langit-langit jeung di bumi ( nyaeta sifat Al-Wahdaniyyat = Kamaha Tunggalan, Al-Qudratul ‘ammah = Kakawasaan anu  umum (sumarambah) jeung Al-Hikamtuttammah = Kawijaksanaan anu sampurna); ongkoh Mantena anu Maha Gagah tur anu Maha Wijaksana

(tina Ar- Rum 20 -27)

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply