Enya cek jelema mah milang kala
Ngagudatna waktu basa ceuk ema (indung) kuring lahir nepi ka kiwari
Ongkoh teu weleh balikan deui balikan deui
Kamari basa ciibun diusapkeun kana tuur jeung sirah dicrokcrok taneuh beureum, Saur ema : meh bisa hirup.
Srangenge katuturkeun nutug teh meh geus opat puluh opat
Indung !
Tirakatkeun hate abdi ka Dzat anu widi
Isedkeun tarekah abdi sing nepi ka mutmainah.
Ari nudipikamelang iwal budak nu dalapan
Mumunggang rasa keur mareujeuhna ngaberung amarah
Inggis teu nepi kana ajali fitri
Nu sok ngintip dina pirang-pirang kadhoipan jalma
Ana kitu, Ema…..
Hiberan abdi ku dawuh Rosul Sabda Rajaning Alam, meh abdi bisa hirup.