Aya anu acan kasorang
luhurna langit jeung tungtungna alak paul
Meh bae poek sapaparat jalan
mongkleng buta rajin
tungtung ramo tungtung curuk teu katempo
hideung.
Aya anu acan kasorang
luhurna langit jeung tungtungna alak paul
Meh bae jeblog sapaparat jalan
jarijipen pinuh ku budah nafsu
lilinggeran jeung waskita cimekblek
beureum.
Sakapeung ngagurinjal
sakapeung nguliat
sakapeung nagedur
lolobanamah anggeur cindekul dina adat kabiasaan
Aya anu acan kasorang
luhurna langit jeung tungtungna alak paul
“Satemenna Alloh moal ngarobah hiji kaom, sahingga eta kaom teh ngarobah kawaskitaan dirina sewang-sewangan”.
Hrup ieu teh geuning anu kuring
Lain anu anjeun nu keur kabeneran loba raja kaya
lain anu anjeun nu keur kabeneran nyepeng kakawasaan
lain anu anjeun nu keur kabeneran sugih ku pangarti
Enya, kuring acan bisa ngapung tepung luhurna lanit
jeung tungtungna alak paul
kiwari jadi udagan.
Baeu panon
baeu ceuli
baeu irung
baeu baham
baeu kulit
dimimitian ku cimata indung
ditarekahan ku kahariwang nu jadi bapa
ieu jangjang mimiti bulu kasiran
Dina takbir
dina iftitah
dina fatihah
dina ruku
dina i’tidal
dina sujud
dina iftiros
dina tasyahud jeung salam
mi’raj kuring wungkul anu kuring
ngapak mega malang
neang anu acan kasorang
luhurna langit jeung tungtungna alak paul