EnglishArabicIndonesian

Naha Enya Manusa Makhluk Langit I

1. He……masyarakat Jin jeung manusa, mun seug maraneh sanggup tembus tungtung2 langit jeung bumi, pek geura tarembus, ngan moal bisa tembus anging kudu make “kakuatan”.

2. Anjeun-Na anu ngatur sagala urusan ti langit kabumi, nepi ka urusan eta teh naek deui ka Manten-Na dina sapoe anu ngabogaan kadar (lilana) 1000 taun numutkeun itungan aranjeun (manusa).

3. Para Malaikat sareng Jibril naek kapayuneun Allah SWT dina waktu ukur sapoe anu kadarna sarua jeung 50.000 taun (ukuran manusa).

Mun ditepungkeun jeung pamanggih manusa ngeunaan “gerak” tangtu pakuat-pakait jeung jarak (nuduhkeun timana jeung kamana), kecepatan (nuduhkeun kakuatan anu dipake) jeung waktu (nuduhkeun lila jeung sakeudeungna).
Basa Newton manggihan postulat “gerak) II, kapireng Yen robahna kacepetan teh ngabanding lempeng jeung kakuatan tur saarah, tapi ngabanding tibalik jeung massana (a = F/m), harita Newton can nyieun kajian kumaha lamun eta benda teh teu eureun2 salalawasna dibetot ku kakuatan anu angger. Hartina, ieu postulat ukur saharitaeun (waktuna kaukur).
Tah, kecap waktu anu kaukur teh mibanda harti masih kakurung ku ruang jeung waktu anu “nyampak” (detik, menit, jam, poe, minggu, bulan jeung taun).
Waktu nu “nyampak” ieu, nuduhkeun standar waktu ukuran sahirupeun dirina (per manusa di bumi), jadi dina ieu kajadian can aya anu istimewa, hartina manusa can bisa (ngarti : can boga kakuatan) sangkan tembus tungtung langit jeung bumi.
Energi na ukur sarua jeung 1/2 X massa X kuadrat kacepetana.
Pek, aritung sorangan mun tea mah massa na teh siki sasawi (dzarrah)

Cenah, geus katohyan yen 1 poe keur malaikat : 1000 taun keur jalma teh sarua jeung kacepetan cahaya 300.000 km/detik.
Energina satara jeung massa X kuadrat kacepatan cahayana.
Pek, aritung sorangan mun tea mah massa na teh siki sasawi (dzarrah)

Anu jadi kapasaran, komo lamun 1 poe keur malaikat : 50.000 taun keur jalma, meureun nu ieu mah leuwih cepet pisan tibatan kecepatan cahaya, keur itungan kasarna jiga kieu :

1 : 1000 ngahasilkeun kacepatan cahaya 300.000 km/detik
1 : 50.000 ngahasilkeun kacepetan _______? 15.000.000 Km/detik

Pek, aritung sorangan energina (pake heula energi kasataraan massa) mun tea mah massa na teh siki sasawi (dzarrah)

Pek palikiran sing hayang manggihan kacepetan anu sarupa kitu.
Pek deureus deui qur’an teh, meh panggih deui jeung wal’ashri anu bisa jadi boa anu dimaksud jalma iman teh, jalma anu migawe amal soleh teh, jalma anu sok saling wasiatan dina haq kalayan sabar teh jalma anu mibanda kacepetan gerak 15.000.000 km/detik.

Cag.

Share on facebook
Facebook
Share on twitter
Twitter
Share on linkedin
LinkedIn

Leave a Reply