Ceuk Kawaskitaan, kuring hirup lantaran :
1. dilahirkeun jeung disusuan ku indung, dipikanyaah kunu jadi bapa.
2. dibere dahar sarupaning tutuwuhan jeung sasatoan anu dianggap bisa mere
pangaruh kana terehna gede tur sehat.
3. Orok beureum, bilatung dulang, kembang buruan ngajadi kanyataan kana ayana
pasipatan sato dina awak, seug komo mun mimiti baleg. nafsu ngaberung alah batan kuda ngencar ti gedogan.
4. mun terus pasipatan sato, jeung bakal terus pasipatan sato dina awak, nya lampah
teh bakal :
a. saha anu kuat pasti kawasa
b. ukur hayang nyalametkeun diri jeung rundayana hungkul
c. teu mangga puliya dina nyangharepan gejala alam
d. moal boga kaparigelan jeung kajatnikaan pikeun nepi kana naon rupa anu tumiba kana awakna, boh anu datangna ti awak sorangan (naha bet jadi hayam padahal mun jadi maung mah) atawa anu datangna tina kateuwalakayaan nyanghareupan gejala interaksi sosial liana.
5. mun terus kitu, naon punjulna atuh manusa teh ?, eta cenah manusa mah bisa hirup bermasyarakat, berbangsa jeung bernegara. Naha enya kitu ?, cik pek bere hiji weh conto masyarakat, bangsa jeung nagara boh jaman baheula atawa ayeuna anu bisa mere katengtreman, karaharjaan jeung katumaninahan salaku manusa anu saluyu jeung pasipatan manusa ?
6. Poe ieu, poe tarwiyah, poe guling gasahan neangan kasajatian diri.
7. Isukan, madah2an kapinteran, kaparigelan, kajatnikaan jeung kawaskitaan kuring
tepung jeung poe ‘arofah, dimana boga kanyaho yen loba pasipatan sato anu aya bari nyampak tur ngaberung dina awak.
8. Pageto, poe kaputusan anu datang tina lilinggeuran, yen kuring lain makhluq bumi jiga tutuwuhan, sato jeung sarupaningna, kuring boga lembur bali geusan ngajadi tempat anu lana tur cocok keur manusa. Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, kiatkeun abdi maehan pasipatan sato nu nyampak dina awak, meh abdi bisa balik.
9. Hayu barudak urang deres deui bacaan langit teh, meh tepung deui jeung Ali ‘imran 14 – 15.
10. Cag.