Niat Sholat Para Wali

Catatan Ustadz Iing Sholihin

Subuh :

Niat abdi solat waktu subuh dua rakaat

Abdi katitipan badan jeung nyawa

Nyanggakeun ka Bapa Adam ka Babu Hawa

Malaikatna Rohani

Sahabatna Harun

Aksarana Alip

Cahayana putih

Terusna kana ati

Les putih wujud ka Alloh

Wujud kitab acina Qur’an

Haji putih kersa ngabakti ka Alloh

Mugi dibuntel ku rahmat Alloh

Allohu akbar

Lohor :

Niat abdi solat lohor opat rakaat

abdi katitipan cepil dua soca dua

nyanggakeun ka kanjeng nabi Ibrohim

malaikatna Jibril

sohabatna Umar

tanjalina opat perkara

aksarana lam

cahayana hejo

terusna kana hamperu

les putih wujud ka Alloh

wujud kitab acina qur’an

haji putih kersa ngabakti ka Alloh

mugi dibuntel ku rahmat Alloh

ada alillahi taala

allohu akbar

Asar :

niat abdi solat waktu asar opat rakaat

abdi katitipan sampean dua panangan dua

nyanggakeun ka kanjeng nabi Yunus

malaikatna Ijroil sohabatna Usman

tanjalina opat perkara aksarana mim

cahayana koneng terusna kana otak

les putih wujud ka Alloh wujud kitab acina qur’an

haji putih kersa ngabakti ka Alloh

mugi dibuntel ku rohmat Alloh

ada alillahi taala

allohu akbar

Magrib :

niat abdi solat waktu magrib tilu rokaat

abdi katitipan pangambung dua baham hiji

nyanggakeun ka kanjeng nabi Isa

malaikatna Isropil sohabatna Ali

tanjalina tilu perkara

aksarana he

cahayana beureum

terusna kana getih

wujud ka Alloh wujud kitab acina Qur’an

haji putih kersa ngabakti ka Alloh

mugi dibuntel ku rohmat Alloh

ada alillahi taala

allohu akbar

Isa :

niat abdi solat waktu isa opat rakaat

abdi katitipan pengker payun kiwa tengen

nyanggakeun ka kanjeng nabi Musa

malaikat Mikail sohabatna Abubakar

tanjalina opat perkara aksarana dal

cahayana hideung terusna kana buuk

les putih wujud ka Alloh

wujud kitab acina Qur’an

haji putih kersa ngabakti ka Alloh

mugi dibuntel ku rohmat Alloh

ada alillahi taala

allohu akbar

Jumaah

Usoli sambeang jasmani

solat rohani

istilah kancana alus

usoli mati barang ing Alloh

kaula nyanggakeun ka guru ing guru

nawaetu in’ukil min ukuri

sahadati kalimati

kalangkang gusti

ashadu ala ilah ha ilelloh

waashadu anna muhammadar rosululloh

allohu akbar

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply