EnglishArabicIndonesian

Nu ngariung 1

Riungan ieu teh kitu ?

Embel-embel dapon kasebut hirup

Pupuh kidung “acining hurip”

Uteuk tongo walang taga

Beau ngaranjah acining aci

Lain,

Ieu mah ukur sugan nepi katungtung fitri

Kapalang nyangcang dina Tapak DampalNa.

Ieu oge enya riungan

Nu leutik nu gede, lalaki awewe

Daria

Ongkoh sieun teu akur jeung balarea

Najan hate ngagolak-golak

Eleh deet, sidakep bari balem

Seuneumah anggeur ngelun,

Impianna masih anu kamari

Apan bohakna ge can nepi kana tungtung jantung.

Share on facebook
Facebook
Share on twitter
Twitter
Share on linkedin
LinkedIn

Leave a Reply