Didieu aya riungan deui
Obrolan pikeun kasampurnaan
Malah mandar nepi ka tungtung kulon
Baeu ngaranjah hanjatna malaikat
Apan tasbeh mah lain ngan saukur keur kongkorong
Geuning ieu nu ngariung
Adatna kakurung ku nyawa
Recok ukur dina peangna kalangkang
Umbul-umbulmah anggeur haur salancar
Teuneung henteu, ludeung henteu.