Nyawah

Panganteur

Nyawah teh prilaku ortodox anu geus ngajadi kulit jeung daging dina mangsa samemeh revolusi industri nepi ka mangsa konsumerisme kiwari.

Nyawah dina harti ngolah taneuh, pagawean anu tumetep dilakukeun ku jelema anu aya patula patalina jeung daerah tropis samemeh karerab ku prilaku industrialisme jeung konsumerisme.

Keur Ki Sunda, Nyawah teu bisa dipisahkeun jeung tatakrama, budaya, kamonesan anu bisa ngagambarkeun wujud jeung ciri nu mandiri Ki Sunda.

Nyawah keur Ki Sunda anu boga harti ngolah taneuh pikeun dipelakan pare mibanda tujuan repeh rapih gemah ripah lohjinawi, kuat papan, kuat sandang, kuat pangan, kuat kasemaptaan jeung katahanan masyarakatna nu tembong dina kalakuan gotong royong rambate rata hayo.

Nyawah di mimitia ku kecap mitembeyan anu diwujudkeun ku macul lahan sangkan taneuh buyar, bisa ku pacul biasa make leungeun, bisa ku munding sarakit anu disebut ngawaluku (tingali pakakas).

Min Haetsu Laayahtasib….

Mungguhing Gusti nu Mahawelas tur asih ka makhluqna, na mangsa macul/ngawaluku (Pare ge can dipelak – jauh ka panen), apan belut mah geus tingkuliat dina sela-sela taneuh nu kapacul atawa nu kasingkabkeun ku waluku, teu saeutik jalma utamana nu kabeneran keur katalangsara, ngahajakeun nungguan nu ngawaluku pikeun ngala belutna keur deungeun sangu, malah nu aya ge ari ku resep mah sok ngahajakeun pesen belut kanu ngawaluku, aya oge nu ngahaja ngider kotakan sawah nu keur dipacul teh ukur ngumpulkeun belut iangkeuneun ka pasar  didagangkeun.

Satuluyna, eta taneuh teh diangler (ngangler), diratakeun. Nya wanci ieu pisan, sok loba nu ngahaja ngala belut ti peuting disebutna ngobor, biasanabeubeunangana sok rada mucekil bisa saember dua ember mah, kalolobaana nu sok ngobor teh pikeun didagangkeun isukna ka pasar.

Beres ngangler, dituluykeun ku ngagurat (naplak), nyieun kalang meh pelak pare rata bari ngeusian kotakan kalayan cumpon. Salian ti belut, sok aya oge swike atawa bangkong hejo keur jualeun ka restoran cina, puguh ge  nyakitu kakawasaan Alloh mah hese disapirakeunna, matak asa kamalinaan mun tea mah aya jalma nu keukeuh peuteukeuh hayang ngaronjatkeun kahirupan bari ku pamikiran jeung peta nu toja’iyah jeung kodrat alam.

Beres naplak dituluykeun kana tandur (nanceubkeun anak pare kana taneuh bari mundur) disambung ku ngagemuk. Nya mangsa-mangsa ieu rejeki teh nambahan ku sarupaning tutut (keong sawah), jotang kadang-kadang antanan. ieu oge sarua, tutut, jotang jeung antanan teh sok jadi pakasaban didagangkeun ka pasar ku saha wae anu mikarepna sok sanajan lain anu boga sawahna.

Bisa jadi, lantaran tos digemuk, sok bala di sawah teh, sangkan teu ngaganggu kana pare sok dibersihan disebutna ngarambet. Tuluy ngagemuk mindo, breng deui jaradi sarupaning jujukutan jeung lalab-lalaban, nya dibersihan deui disebut ngarambet mindo, geus kitu mah cul we eta sawah teh diantep.

Salila diantep teh, pare ngalaman tilu mangsa nyaeta kumisi, beukah (beuneur) jeung asak. Mun geus asak, nu boga sawah sok ngumpulkeun heula tatanggana pikeun ngabejaan waktu dibuat, didieu aya anu disebut gacong, nya eta nu milu ngala kabagean 10 % tina beubeunangana minangka buruh, aya oge anu teu dibeakeun pare teh nyesakeun keur nu butuh kasebutna masih gacong keneh.

Kasimpulan

Horeng, prilaku nyawah teh mangrupakeun talajak tina kata’atan kana nilai-nilai agama, adat jeung alam. Leuweung  jeung pangeusinateu karuksak, walungan jeung pangeusina  teu karuksak, taneuh jeung pangeusina teu karuksak, paingan sok aya sesebutan leuweung larangan, walungan sanget jeung taneuh pamageuh.

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply