Bau – Sinduk : indung/bapana gantung-siwur (kait-siwur)
Gantung-Siwur : indung/bapana udeg-udeg
(kait-Siwur)
Udeg-udeg : indung/bapana janggawareng (canggahwareng)
Janggawareng : indung/bapana bao, aki buyut
(Canggahwareng)
Bao : indung/bapana buyut
Buyut : indung/bapana aki/nini
A k i : indung/bapana bapa/indung
Bapa : Lalaki nu boga anak (salaki indung)
Indung : Awewe nu boga anak (pamajikan bapa)
Anak : turunan kahiji
Incu : turunan kadua (anakna anak)
Buyut : anakna incu
Bao : anakna buyut
Canggahwareng : anakna bao
(Janggawareng)
Udeg-udeg : anakna janggawareng (anakna Canggahwareng)
Gantung Siwur : anakna udeg-udeg
(kait siwur)
Bau sinduk : anakna gantung siwur (anakna kait siwur)
Dulur
Adi : Dulur sahandapeun
Lanceuk : dulur saluhureun
Emang/paman : lalaki adina bapa/indung
Bibi : awewe adina bapa/indung
Toa/Ua : lalaki/awewe lanceukna bapa/indung
Alo : anak lanceuk
Suan : anak adi
Kapiadi : anakna bibi/emang
Kapilanceuk : anakna ua/toa
Incu teges : anakna anak (anak minantu)
Incu tigigir ; Incuna lanceuk/adi
Aki tigigir : lalaki lanceukna/adina aki
Nini tigigir : awewe lanceukna/adina nini
Besan/Warang : mitohana anak (indung/bapana minantu)
Mitoha/Mertua : indung/bapana salaki/pamajikan
Minantu/Mantu : pamajikan/salaki anak
Dahuan : lanceukna salaki/pamajikan
Adi beuteung : adina salaki/pamajikan
Dulur pituin : dulur asli
Dulur teges : dulur saindung sabapa
Dulur petkuhinis : dulur teges, dulur saindung sabapa
Dulur sabrayna : anak-anakna emang/bibi/ua
Maru : awewe sejen nu jadi pamajikan salaki (nyandung)
Indung tere : Pamajikan bapa anu lain ngalahirkeun urang
Bapa tere : Salaki indung anu lain ngalantarankeun urang lahir
Dulur tere : anak indung tere/bapa tere ti popotonganna
Popotongan : urut salaki/pamajikan
Cikal : anak panggedena
Bungsu : anak pangleutikna
Pangais bungsu : lanceukna bungsu
Baraya : sakur anu aya pancakakina
Baraya landes : baraya deukeut keneh
Baraya laer : baraya mun nurutkeun pancakaki geus jauh pernahna
Sapiriumpi : sakulawarga, sajumlahna anggota kulawarga
(Saanak-incu)
Mintelu : baraya turunan katilu
Beuti Pamelaran : sekeseler atawa turunan
Bondoroyot : Kulawarga, pamajikan-anak-incu- jste
Kulawadet
Bau-bau Sinduk : baraya keneh ngan geus laer
Karuhun : Luluhur jalma-jalma anu kungsi aya heulaeun urang, nu ngarundaykeun
Deungeun-deungeun : nulian, lain baraya
Deungeun-haseum : teu baraya saeutik-eutik acan
Bibit buit : turunan asli