Basa naek ka kelas 12 ipa taun kamari, Ema katinggalna kirang panuju
Sakapeung kerung, sakapeung maur ninggal ka saluareun jandela, jiga nu jauh panineungan.
Hate galecok hoyong terang lebeting kalbu Ema, ngan keukeuh ema ngabetem, ukur nyarios : “Bral geulis………!, ema mah ukur bisa ngado’a, mudah-mudahan bae hidep sing bisa ngahontal cita-cita”. Nyarios kituna teh angger bari neuteup kajauhan jiga nu keur milarian pamanceg lisanna.
Pasemon Ema masih maur bari ninggal ka saluareun jandela, basa kuring nyelang balik ka lembur pidua minggueun deui ka ujian, song amplop ti sakola disanggakeun ka Ema, teu werat tadina mah, ngan kudu kumaha deui, da kuring mah anggeur gilig hayang tamat sakola teh.
Amplop teh eusina tilu perkara :
1. Yen sakabehna kolot kudu nyieun kawalehan mun tea mah budakna teu lulus ujian nasional dibuktikeun ku nyieun surat pernyataan nu ditandatangan saluhureun materai 6000
2. Ngondang ka sakabeh kolot pikeun datang ka sakola dina gelar istighosah barjamaah.
3. Sangkan ngalunasan sarupaning waragad salila sakola, utamana bayaran nu bulan juni kudu dibayar dihareup tilu bulaneun april jeung mei.
Tah nu katilu numatak jadi werat teh, Ema tetep masih maur malah kerung, bari pokna : “Har……kutan teh kitu, ema mah lain sieun hidep teu lulus, atuh duit da geus boga……, kamari pisan merebot Oman naur buruh ema nyitak bata meni disakalikeun sabulaneun, ngan naha meke ema kudu ka sakola sagala, hoream ema mah…….”, ema humandeuar, malah soantena ngalaunan waktos nyebat hoream teh.
Ema, abdi ayeuna nuju istighosah di aula
Nu ngawitan bapak Kepala, ngawanti-wanti sangkan tarapti dina ngeusi LJUN, utamana identitas diri, maklum cenah nu mariosna komputer moal apaleun ka urang.
Kudu lulus, meh bisa ngaronjatkeun IPM kabupaten
Kudu lulus, meh teu eleh ku Vietnam
(Kuring mah masih can ngarti, naha kudu make istighosah, da bongan saur Ema istighosah mah kedah unggal dinten, Kuring ge can ngarti naha make kudu ngaronjatkeun IPM, seug komo sieun eleh ku Vietnam mah, ngan ari biwir mah ngagereyem nuturkeun bacaan Ceng Aoh imam Masjid Al-Kautsar)
Ema, abdi tadi subuh dianggir malah dicrokcrok, emut ka ema kapungkur, cenah meh calakan tur bisa ngeusian soal ujian.
Hate ngageder, ratug tutunggulan
Horeng rame ujian teh, Aya polisi, Aya penilik, Aya wakil rahayat, Aya manggala,
Loba oge nu teu wawuh tapi didarasi, saur bapak kepala mah eta teh tim indevenden.
Bel tos ditakol ku mang Aos lima kali, Hate beuki ratug, jajantung nabeuhan dada,
Sieun teu bisa ngajawab soal Sieun teu lulus.
Ras emut kana kasauran bu Empap wali kelas dua belas A, pokna : Sakola teh ayeunamah wajib, Bisi eleh peunteun ku Vietnam, Hidep kudu bisa ngajul standar, Kudu lulus ujian teh !.
Amplop soal tos dibuka ku pengawas, Leungeun ngeleper nampana, nu tatabeuh dina dada beuki rosa.
Emaaaa……….. Geuning soal teh gampang, salian ti gampang teh oge geus nyelap eusina, Sarupaning A, B, C , D jeung E.
Kareret ku juru panon bapak kepala tiluareun rohangan semu nu bungah, Pengawas katinggalna ge suka seuri, atuh si Ehed nu asalna elekesekeng ge katempo marahmay.
Polisi, manggala, wakil rahayat jeung tim indevenden katinggalna uplek duka ngobrolkeun naon.
Ema, Mun abdi lulus Ujian Nasional SMA taun ieu
Kedah dimana abdi neraskeun sakola teh ?
Ema, abdi sieun cara nu dina TV waktos ningal di Bale desa,
Nu lalulus ujian teh sok curat-coret seragamna bari ngaheurinan tatalimarga,
Nu lalulus ujian teh kadituna sok ngalanggur ukur ngaheurinan lembur,
Mun karuliah sok tawuran
Mun didamel sok daremo
Mun jadi birokrat males kana karudetna baheula
Paingan ema ngabetem, kerung malah maur waktu abdi naek ka kelas 12 ipa.
Ema, abdi kedah kumaha ?