Dimana atuh abdi neraskeun sakola teh ?
Omat anaking !,
Mun rek nuluykeun sakola :
Ulah ka SMP negeri komo swasta, pelajaran agamana ngan ukur 2 jam
Ulah ka tsanawiyah negeri komo swasta guruna loba nu can sertifikasi
Ulah ka SMP/MTS unggulan sanajan boarding ge mayarna mahal moal kabedag
Kitu saur ema basa nebus ijazah SD bari rembay cisoca.
Ka Satu Atap atuh Ma,
Ka Sakola jarak jauh atuh Ma,
Atawa Paket Ma, meh bisa mantuan ema ngala suluh ka leuweung ?
Atawa di madrasah bae meh jiga Bu Euis nu capetang mun minggonan di masjid.
Ema, kamana atuh abdi neraskeun sakola teh?
Kahariwang tilu taun katukang laas kukanyataan
Wajib Belajar salapan tahun teu mere pilihan
Tetela beunghar nagara teh
Malah Ujian Nasional ge dibiayaan
Ngan wayahna biaya akhir tahun mah kudu udunan gedena ukur dua ratus rebu
Keur samenan jeung perpisahan
Kitu saur Bapak Kepala daria nakeran.
Ema, abdi ayeuna nuju ngiringan bimbel pelajaran nu bade di UN-keun
“Tah ayeunamah cumpon nilai try out teh.”
Wali kelas muka piwejang basa rempugan persiapan UN pokna deui :
Hidep sakabeh kudu lulus
Hidep sakabeh kudu meunang peunteun ngajul tina standar
Hidep sakabeh kudu bisa ngadongkrak IPM kabupaten
Hidep sakabeh kudu bisa ngaronjatkeun RLS kabupaten
Teu karaos Ema, geuning tos tilu taun di SMP teh
Kuring mandi teh dianggir malah dicrokcrok kana emun-emunan
Saur Ema meh calakan tur bisa ngajawab soal ujian
Hate ngageder, ratug tutunggulan
Horeng rame ujian teh
Aya polisi
Aya penilik
Aya wakil rahayat
Aya manggala
Loba oge nu teu wawuh tapi didarasi, saur bapak kepala mah eta teh tim indevenden
Bel tos ditakol ku mang Aos lima kali
Hate beuki ratug, jajantung nabeuhan dada
Sieun teu bisa ngajawab soal
Sieun teu lulus
Ras emut kana kasauran bu Empap wali kelas salapan A, pokna :
Sakola teh ayeunamah wajib
Bisi eleh peunteun ku Vietnam
Hidep kudu bisa ngajul standar
Kudu lulus ujian teh !
Amplop soal tos dibuka ku pengawas
Leungeun ngeleper nampana, nu tatabeuh dina dada beuki rosa
Emaaaa………..
Geuning soal teh gampang
salian ti gampang teh oge geus nyelap eusina
Sarupaning A, B, C jeung D
Kareret ku juru panon bapak kepala tiluareun rohangan semu nu bungah
Pengawas katinggalna ge suka seuri
atuh si Ehed nu asalna elekesekeng ge katempo marahmay
Polisi, manggala, wakil rahayat jeung tim indevenden katinggalna uplek duka ngobrolkeun naon
Ema,
Mun abdi lulus Ujian Nasional SMP taun ieu
Kedah dimana abdi neraskeun sakola teh ?