Asmarandana
(Yasana Almarhum H. H. Mustapa)
Jangkarna jati walagri, waluya kasampurnaan, kaperong sabotna bohong, disindiran disulukan, bukaeun dipawekasan, mungguh pasulukan Bandung, kacarita Sang Kuri(a)ng.
Sangkuri(a)ng nu ngagurit, gurit sagara bangawan, dipenta sanggupna gawe, supaya rek lalayaran, temah sasanggupanan, bawaning bogoh ka indung, ngadadak nyieun salimar.
Salimar gedena leuwih, mapakan gunung burangrang, ngadamel parahu gede, mun anggeus peuting harita, nya kasorang lumakuna, ngajinahan tuang ibu, hadena bet kabeurangan.
Kabeurangan tacan jadi, parahu tacan nangkarak, mepet sanghyang tikoro, ibuna awas tingginas, bisi subaya laksana, subuh-subuh geuwat turun, geuwat nyacag boeh larang.
Larangan tepi kajanji, Sang Kuri(a)ng kabeurangan, mun teu kitu lain bohong, siloka bagbagan nyawa, pakeeun urang jatnika, gunung Tangkuban parahu, geus aya tibabaheula.
Baheula ngajegir pasir, baheula gunung Burangrang, kaered ku pamepende, pasulukan di Pasundan, nepi ka ayeuna, satungtung nangkub kabingung, lelempangan jeung sangsara.
Sangsara caina palid, diumpalan diparungan, nya hate teu kaur rengse, nya rasa henteu waluya, asa dikaniaya, bendungan tacan dibendung, toblong keneh tikorona.
Tikorona garing nyeri, teu kaur jeung haranaang, tikoro tikoro maneh, bendungan bendunganana, burangrang rangranganana, nangkuban parahu tangtung, taya palajaranana.
Palajaranana mukti, pasulukan di Pasundan, anjing bagong anjing bagong, turunan reujeung turunan, kumaha bujanggana, pasulukan di galunggung, gumelar ka Pajajaran.
Pajajaran Siliwangi, pasulukan papantunan, basisiran pararahon, kakapalan lalautan, leuleuweungan gugunungan, pasulukan jaman buhun, kajawan ku wawayangan.
Wawayangan mun ditulis, ku kaula beak kertas, kalah ka saat kamangsen, datang agama darigama, babaran para Anbiya, pangpunjulna Kanjeng Rosul, jembar pasulukanana.