Sadayana puji kagungan Alloh anu parantos nurunkeun Al-Quran ka N. Muhammad SAW, sarta Mantena henteu ngadamel kabengkokan saeutik oge dina eta Al-Quran.
Lempeng tur jeceng pisankaayaan eta Al-Quran teh, supaya N. Muhammad SAW nyingsieunan ku siksaan anu banget ti pangkon Mantena, jeung supaya ngabubungah ka jelema-jelema mu’minin, anu marigawe amal-amal kahadean, yen saestuna aranjeuna tangt ngagaraduhan ganjaran nu alus kayaning sawarga.
Bari aranjeuna marukim atawa caricing di eta sawarga teh saendeng-endengna.
Jeung supaya N. Muhammad SAW nyingsieunan ka jelema-jelema anu nyarebutkeun yen Alloh teh kagungan putra.
Maranehna ngeunaan eta omongan teh, samasakali henteu ngabarogaan pisan elmu, kitu deui bapa-bapana, karuhun-karuhuna bareto samemeh maranehna teu marake elmu ngomong kituna teh, wungkul datang tina kabodoan jeung kalalaworaan bae. Tada teuing gede kufurna omongan maranehna anu kaluar tina sungut-sungutna eta teh ngandung nyarupakeun jeung nyakutukeun Alloh. Maranehna henteu ngarucapkeun eta omongan , iwal ti ngabarohong malulu.
Palangsian Anjeun Muhammad rek mateni diri anjeun sorangan ku kanalangsaan lantaran kalakuan maranehna teh, lamun seug maranehna henteu bae daraekeun ariman kana eta cariosan Qur’an teh.
Saestuna pisan Kami geus ngajadikeun sagala rupa nu aya di ieu bumi teh, pikeun papaesna eta bumi, supaya Kami nguji ka maranehna, saha diantara maranehna anu pangalus-alusna amal.
Jeung saestuna pisan, naon wae nu aya di ieu bumi katut pirang-pirang papaesna, ku Kami bakal dijadikeun rata tur lenang teu aya pisan cucukulanana.
Naha anjeun He Muhammad nyangka, yen saenya-enyana Ash-habul kahfi nu marondok di guha jeung Ash-habul rokim nu ngabarogaan papan ngaran jeung qishohna teh, sabagian tina ayat-ayat Kami anu pangmodelna?
Ingetkeun atuh, nalika eta parapamuda teh arindit arek nyalalindung ka eta guha, tuluy maranehna ngadu’a kieu : ” Nun Pangeran abdi sadaya !, Mugi Gusti maparinan ka abdi sadaya rohmat ti pangkonan Gusti sarta mugi Gusti ngamaslahatkeun hal ihwal abdi sadaya ieu ku hidayah Gusti.