EnglishArabicIndonesian

Sapuluh Ayat Pamungkas Surat Ali Imron

“Saenya-enyana, dina dadamelan langit jeung bumi, sarta dina gunta-gantina peuting jeung beurang, estu jadi pirang-pirang tanda pikeun nu ngabarogaan akal pikiran. Nyaeta maranehna anu areling ka Allah, boh bari nangtung, bari diuk, boh bari sare nyangkere, jeung maranehna malikiran dijieunna langit jeung bumi, dibarung ku ngadaru’a : Nun Gusti Pangeran abdi, Gusti midamel ieu dadamelan teh sanes kangge heureuy. Maha Suci Gusti. Kunargi kitu, mugi Gusti ngaraksa abdi sadaya tina siksaan naraka. Nun Gusti Pangeran abdi sadaya !, saestuna saha bae nu ku Anjeun dilebetkeun ka naraka, satemenne maranehna parantos dihinakeun ku Anjeun, sareng saestuna jalmi-jalmi darolim moal ngabogaan panulung. Nun Gusti Pangeran abdi sadaya! Saestuna abdi sadaya parantos ngaruping anu cumeluk ngajak kana iman; saurna : “Satemenna maraneh kudu ariman ka Allah.” Nun Pangeran abdi sadaya, mugi Anjeun ngahapunten dosa-perdosa abdi sadaya, sareng mugi Anjeun ngicalkeun kaawonan-kaawonan abdi sadaya, sareng mugi abdi sadaya dimaotkeun dina rengrengan jalmi-jalmi anu bararesih. Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, mugi Anjeun maparinan abdi sadaya naon-naon anu ku Anjeun parantos dijangjikeun nganggo jalan utusan-utusan Anjeun, sareng mugi Anjeun ulah ngahinakeun ka diri abdi sadaya dina dintenan Qiyamah. Saestuna Anjeun moal nyulayaan kana jangji. Nya Allah, Gusti aranjeun sakabeh, ngaijabah kana pamenta aranjeun, kalawan dawuhanana : “ Saestuna Kami hamo ngaleungitkeun amal hiji jelema tiantara aranjeun, boh lalaki boh awewe. Sabab sabagian tiantara aranjeun jadi tisabagianana. Tapi jalma-jalma nu hijrah jeung diusir ti nagri-nagrina, sarta dikaniaya dina jalan Kami, jeung maranehnadeui parerang, jeung perlaya dipateni, tangtu Kami bakal ngalebur kagorengan maranehna, sarta Kami bakal ngabuskeun maranena kana pirang-pirang sawarga, anu dihandapeunana ngagulidag pirang-pirang walungan, mangrupa ganjaran ti hadirat Allah. Saestuna Allah nu kagungan ganjaran nu alus. Poma pisan anjeun (Muhammad), ulah deuk kabongbroy ku kabebasan jalma-jalma kapir mundar-mandir ijigimbrang di nagarana. Eta teh kasenangan anu ngan saeutik tur sakeudeung; da pangbalikan maranehna teh naraka jahanam, padumukan panggoreng-gorengna. Tapi pikeun maranehna nu tarakwa ka Allah-Na, pasti ditempatkeun di sawarga anu dihandapeunana ngagulidag pirang-pirang walungan, bari maranehna langgeng saendeng-endeng cicing didinya. Eta teh tempat anu geus dicawiskeun paparin hadirat Allah; jeung ari sagala ganjaran nu aya di hadirat Allah kacida alusna pikeun jalma-jalma nu bararesih. Jeung saenyana sabagian ti ahli Kitab, aya oge nu iman ka Allah sarta kana Kitab nu diturunkkeun ka aranjeun, jeung kana Kitab nu diturunkeun ka maranehna, bari maranehna ngalaipkeun dirina payuneun Allah, henteu ngajarual ayat-ayat Allah kana harga anu saeutik. Pikeun maranehnatetep ganjaranana aya di hadirat Allah. Saestuna Allah teh nu rikat pisan ngahisab He jalma-jalma nu ariman! Aranjeun kudu leuwih-leuwih salabar, sarta kudu saradia bae ulah lalawora, oge kudu barakti aranjeun ka Allah, supaya aranjeun mareunang kabagjaan.”

Share on facebook
Facebook
Share on twitter
Twitter
Share on linkedin
LinkedIn

Leave a Reply