EnglishArabicIndonesian

Suluk Pajajaran

(Jasa-jasana alm. Haji Hasan Mustapa Bandung, Bujangga Sunda-Islam abad ka 14 H – ka XX M, Tedakan Kandangwesi Ciungwanara Pajajaran)

Pajajaran Batutulis, arca-arca pamurudan, araya keneh di Bogor, babad carita baheula, Pajajaran nu kaula, ngalantung di Bale Bandung, pada sasama kaula.

Kaula nu tigin ati, lalayaran di bandungan, pageuh nyocokan tikoro, Burangrang rangrang kahayang, salami nangkarak ngambang, urut nangkub windu-windu, dibalikeun Sangkuriang

Sangkuriang lilir nyaring, kungambang dipataruman, nyangkere di balerante, siang sagala kasukan, ngabrangbrangan tatabeuhan, degung ngungkung ti barangjung, tabeuh monggang Pajajaran.

Jajaran bangsaning kami, jajaran bangsaning kula, lieuk naon lieuk naon, naon nu sakurilingna, cawisan ti babaheula, ku batur tara kapuluk, Sangkuriang kabeurangan.

Kabeurangan karek lilir, nya gundam kasasar sasar, tikoro karooh kosong, pasulukan Sukapura, kakara ngadeg nagara, karek puguh cipalabuh, kakara ngadeg nagara.

Nagara distrik kiwari, leuleuy cilaut eureunna, kakara wareg ku maneh, balikmah di Pameungpeukan, karek puguh Palabuan, Palabuan nu rahayu, dina jangkar ngaranna

Ngaranna nu gumati, Cilacap cacaping reka, lalanden jadi sesemben, Kembang Wijayakusumah, siang di nusa kambangan, nanjungna di pulo Bandung, Pasulukan basisiran.

Basisiran nu kapanggih, tapel wates jeung kajawan, dina pucuk gunung dieng, loba arca pirang-pirang, sasakala nu baheula, aya sirah cisarayu, tapakna larangan Bima.

Bimana kari lalandi, tapakna kari kalangkang, kelangan jajaten maneh, manehna tapak larangan, larangan jadi larangan, lkarangan di cisarayu, matak param ka bima-Na

Bimana Astinapuri, tatapa di suralaya, napaan jajaten maneh, tapa bangga jadi bangga, tapana keur ti bubudak, hayang pamuk hayang jegud, hayang sagala kasorang.

Kasorang baring supagi, bimana malik tapana, hayang jiga sabareto, teu hayang jiga nu hayang, nu beunang dipimelang, langlayung ngabangbang baju, bisi keuna ku gogoda.

Gogoda nu sugih pamrih, gogoda nu beunghar nyiar, ditapaan ti bareto, geus cacap malik tapana, ngajiga-jiga baheula, bisi kalungsur ku batur, nu kahalangan ku jiga.

Jiga ngagurit gumati, teu kawawa ku cimata, lalakon urut bareto, jadi naha mun sorangan, weja kamalinaan, suluk-suluk teu kapuluk, siloka moal kabuka.

Kabuka buka kiwari, geus ngencar di jatiswara, waraheun tibabareto, bareto oge kaula, jatnika mulang jatnika, kagulung gulungan kasur, kasuraga nu sorangan.

Sorangan tadi keur rugi, uga-uga jiga jaga, horeng jaga-jaga dewek, geus boga duga prayoga, kakara meunang jamuga, muga batur geura manjur, juragan batur gumelar.

Gumelar pada dilahir, lahir salara sabagja, bagja urang ti bareto, manusa pada manusa, manusa purba wisesa, sesa catur kari galur, sesa basa kari rasa.

Rasa nunulis ngagending, rasa senang kumelendang, senang dengdek senang modeng, salami bengkok lenjongan, leuleuy reureuh reureundeukan, ngalun laun asa ngapung, bubaran di pangapungan.

Pangapungan di pangeusi, pangapungan pangajian, dinu simpe dinu rame, taya halangan harungan, d sirna di kajatnikan, taya nu matak kaduhung, taya nu matak sangsara.

Sangsara walagri diri, mubuy bulan nyanggray bentang, panon poe disasate, eusina kumaha dinya, cul ka bulan cul ka bentang, sarangenge surup isuk, haneut moyan sisiaran.

Sisiaran nu birahi, sisindiran susulukan, ngasakan boros jeung kaso, karagragan keras tulang, eusina kumaha dinya, unggal kampung aya luhung, nagara boga bujangga.

Bujangga nu barinangkit, tukang ibarat isarat, lebah naon, anu dipikaresepna dipaksa kupangabisa, dipiluruh pangaweruh, kumaha beunangna ngala.

Ngala kungkang ngala lembing, ngundeur ka leuweung ka reuma, ngaleumeung bolokotondo, eusina kumah dinya, da pada ngarasa ngora, tukang ngelmu haram makruh, tukang tata tatakrama.

Tatakrama tatakrami, tukang menak memenakan, tukang karaton ngaraton, tukang kaya kakayaan, tukang tapa tatapaan, tukang pamuk kana weduk, tukang mandita mandita.

Mandita lain pangeusi, top carita jeung carita, pagede gedenya bohong, papanjang panjang ngadalang, pabeja beja ping warta, warta batur dialatur, aturan dipanembahan.

Panambahan ti pamanggih, panambahan dedengean, beuki lantor beuki lantor, lamunna nu saenyana, pandita tibalik lemah, ngalur suluk nu darumuk, siloka cangkriman rasa.

Rasa bubudi maralik, dina prawira sasmita, sesmben mere totonden, nya buktina ayeuna, carang nu meunang permana, permana dapuring catur, caturangganing siloka-siloka ngacacang.

Share on facebook
Facebook
Share on twitter
Twitter
Share on linkedin
LinkedIn

Leave a Reply