Surat keur Ema

Ema kumaha damang ?, kumaha angkeng teh, masih sok karaos ?, kumaha sampean teh, masih sok karaos ?. Ema abdi kamari ka Bandung, ka katapang anu brasna ka pameungpeuk dayeuh kolot bandung, pangling….. da kapungkur mah sawah hungkul …kiwari mah heurin malah pinuh ku pabrik, ari wangunan masarakatna semu-semu kumuh cara di cikapundung atawa cihampelas. Bandung kidul teh tos jiga di kota geuning. Paingan kapungkur bu Suminar nyarios kieu : Bandung teh bakal heurin ku tangtung…….Jati kasilih ku Junti.

Ema hapunten abdi joledar, teu acan tiasa nepangan deui ka lembur. Ema, ari cibalong masih aya caian ? herang keneh Ma ?, apan kapungkur mah cibalong teh nya herang nya ngagulidag tiis deuih matak seger mun kuramas teh. Boa cibalong ge jiga cisondari jeung cikambuy di Katapang Soreang pinuh runtah tur hideung caina bari ngan saeutik.

Ema du’aken abdi, sing bisa ngajajapkeun barudak anu salapan (ceuk ema paraji mah pibudakeun teh aya tilu guruntul deui, malah ayeuna ge abdi teh nuju ngandeg deui, isin kawitna mah Ma abdi kakandungan teh pedah geus nini-nini, ngan ras emut ka Siti Sarah garwana N. Ibrahim waktos ngandung ku N. Ishaq ) nepi ka jadi jelema anu nyaho kana jati dirina, jelema anu mibanda harti makhluq Allah nu diciptakeun di sawarga pikeun balik deui ka sawarga jaga.

Ema kumaha damang ?, kumaha angkeng teh, masih sok karaos ?, kumaha sampean teh, masih sok karaos ?

Ema hapunten abdi joledar,

Ema du’aken abdi…………

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply