Sanajan teu atra
Iblis seuri dina hengkerna awewe
Ti kamari
Ieu geus kajudi
Ari nu lempang dina gawir
Muru butuh kaludeung
Implengan kahalang tarahalna lampah
Nu lungkawing hideungna jurang
Ana prak ngenteung
Horeng midua beungeut
Hanca hirup
Aleusan pikeun nyieun kategeran
Papayeun diri
Isukan
dada kuring anu kuring
Tetela lempang teh ngan kari kuring sorangan
Ongkoh kalangkang ge teuing tinggaleun dimana
Hate angeur gilig
Aisan kuring sampingna kudu nepi ka alak paul
Raheut soteh ukur na dampal suku nu sok ngulit bawang
Dada masih ngagedur jeung masih anu kuring
Angkeuhan teu rek nempo olohokna deungeun
Rumasa
Ieu anu kuring
Nu masih boga hanca hirup
Gaang teu kungsi katincek
Inggis teu nepi ka bisi
Sugan teu kahalang ku rempan
Nu kuring wungkul keur kuring
Ised soteh bongan beungeut manehna masih sok kokolebatan na hanca hirup
Saised dua ised, sakolebat dua kolebat malah atra tembong ngajirim
Aleusan lempang sorangan ukur gedurna durjana
Boa hengkerna awewe alatan leutik burihna lalaki
Ieu adegan anu duaan
Keur urang duaan
Hanca hirup nu meh bae pinuh ku wangunan amarah
Andiprek dina guligahna asih sajati
Rep sigrep purna dewa tiis alah batan cipanon indung nu menekung ka hyang agung
Isukan angger anu kuring
Keur kuring duaan
Baeu geulis hayu urang tuluykeun
Impian nukungsi digambar dina ludeungna ngahiji
Lalakon urang duaan mangsa katukang
Keun anteup sina nganteng dina tungtung bangbarung
Ingkeunan paragi ngamimitian urang ngapung
Babakunamah keur titincakeun barudak nu salapan
Ambeh melesat ngawang-ngawang ngambah jomantara
Siga palaputra Nabi Adam jeung ibu Hawa
Isukan…anaking
Lain-laina deui…..hidep anu hidep
Legana jagat milik aranjeun sakabeh
Isedkeun tarekah motekarkeun kamonesan
Panjangkeun harepan leubeutkeun kajembaran
Didieu
Impian abah jeung ibu ngajadi parupuyan nu teu weleh meulah langit
Geura….bral….ngarapung anaking
Asupan lawang-lawang langit ku uluk salam nu maranti
Leumpeuhkeun amarah aranjeun ku lawwamah
Isedkeun malah sing nepi kana muthmainnah
Nu ngagupay urang sakabeh sangkan minuhan sawarga Allah.
(abah : Tohar hafidz
Ibu : Siti Aminah
Budak nu dalapan:
Dzarin, Gisni, Sabiq, Harik, Bilqi, Basil, Lifdzi, Galin, Garris))