Kagungan Alloh wungkul sagala rupa nu aya di langit-langit jeung sagala rupa nu aya di ieu bumi. Jeung lamun seug tea mah aranjeun narembongkeun naon-naon nu aya dina hate-hate aranjeun, atawa aranjeun nyarumputkeun, tanwande Alloh mah bakal mariksa ka aranjeun tina hal eta sakabeh. Mantena bakal ngahampura ka sing saha bae anu dikersakeun ku Mantena, oge Mantena bakal nyiksa deuih ka sing saha bae anu dikersakeun ku Mantena. Ongkoh ari Alloh teh nu Maha Kawasa kana sagala perkara.
Rosul teh percayaeun pisan kana naon nu geus diturunkeun ka mantena ti Pangeranana. Kitu deui jelema-jelema anu maru’min, percaya tur ariman ka Alloh, ka Malaikat-Na, kana kitab-kitab-Na jeung ka Utusan-utusana-Na, bari pok nyararios kieu : ” Abdi sadaya hamo bade ngabeda-beda ka saurang ge ti antara para utusan Alloh. “, bari terus pokna deui : ” Abdi sadaya nguping sareng abdi sadaya tumut, Mugi Gusti maparinan pangampura ka abdi nun Gusti Pangeran abdi sadaya, sareng mung ka Gusti wungkul tempat pangbalikan abdi sadaya.
Alloh hamo meredih ka salah saurang kanu sakira teu kadada-kaduga ku manehna. Manehna ngabogaan ganjaran tina naon-naon anu geus diusahakeun ku manehna sorangan; oge manehna keneh nu bakal meunang siksaan tina naon-naon nu geus diusahakeun ku manehna deuih. Kumargi kitu, Nun Pangeran abdi sadaya !, mugia Gusti moal nyiksa ka abdi sadaya upami tea mah abdi sadaya hilap, atanapi abdi sadsaya kaliru. Nun Pangeran abdi sadaya!, sareng mugia Gusti moal ngamomotan abdi sadaya ku siksaan sakumaha anu parantos dimomotkeun ku Gusti ka jalmi samemeh abdi sadaya. Nun Pangeran abdi sadaya!, sareng mugia Gusti ulah ngamomotan abdi sadaya ku hal-hal anu sakinten abdi sadaya hamo kiateun. Sareng mugia Gusti ngalebur tapak-tapak dosa abdi sadaya, oge mugi Gusti maparinan pangampura ka abdi sadaya, sareng mugia Gusti maparinan rohmat ka abdi sadaya. Nya mung Anjeun Gusti teh panyaluuhan abdi sadaya; kukituna, Mugia Gusti maparinan pitulung ka abdi sadaya enggoning ngelehkeun jelema-jelema anu kalapir.