Sore geus ngapungkeun sesa-sesa bancang pakewuh
Ka balong pipiren tajug
Aya aleusan nu teu weleh nyidik-nyidik kalangkang
Dina ting aroyagna cai di balong
Ti mimiti leutik, gede, leutik deui
Apan anjeun ge milu nyaksian.
Sore oge geus ngabahandel wangkongan
Ngeunaan saliara jeung babadotan nu kagaringan
Ku lengkah
Ku renghap nu jero kacida
Deudeuh teuing nu pasareanna teuing dimana
Boro nyawa dimumurah
Hanas geutih ngulayabah
Sugan the
Sore geus nyaksian marengan kariaan poe ieu
Yen kamerdekaan teuing keur saha
Mun Anjeun surti
Teuleuman sorot panonna
Naha enya manehna geus merdeka