Waktu

Saabad = saratus taun

Sawindu = dalapan taun

Sataun landung = sataun leuwih

Saumur jagong = kira-kira tilu bulan satengah

Sapangejoan = nuduhkeun waktu anu rada lila antara 2-3 jaman

Sapanyepahan = nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana, salila nyeupah.

Sakilat = nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan

Sakedet netra = nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan (sakicep)

Wanci janari gede = antara pukul 01.00 – 03.00 peuting

Wanci janari leutik = antara pukul 03.30 – 04.30

Wanci balebat = waktu pajar geus ngagudat kira-kira pukul 04.30

Wanci carangcang tihang = wanci liwat pajar, masih remeng-remeng antara tabuh 04.30 – 05.00

Wanci haneut moyan = Waktu ngeunah dipake moyan, antara pukul 07.00 – 08.30

Wanci rumangsang = waktu panonpoe geus mimiti karasa panas, sakitar pukul 09.00

Wanci pecat sawed = sakitar pukul 10.00 isuk-isuk (biasana munding nu digaweken dilaan sawedna)

Wanci manceran = lohor, panon poe luhureun sirah (tengah poe) sakitar pukul 12.00

Wanci lingsir ngulon = waktu panonpoe geus mimiti ngeser ka kulon, sakitar pukul 13.00

Wanci panonpoe satangtung = sakitar pukul 15.00

Wanci tunggang gunung = panonpoe geus rek nyumput, masih aya luhureun gunung, sakitar pukul 16.00-17.00

Wanci sariak layung = langit katenjona beureum, antara tabuh 17.00-18.00

Wanci sareupna = geus mimiti rek poek, sakitar pukul 18.30

Wanci sareureuh budak = waktu budak leutik geus mimiti carape tas ulin jeung dulurna, sakitar tabuh 20.00

Wanci teungah peuting = pukul 24.00

Ayeuna = p0e ieu = sekarang

Kamari = poe nu geus kaliwat sapoe = kemarin

Mangkukna = poe sanggeus kamari =  dua hari sebelumya

Isukan = sapoe nu bakal datang = besok

Pageto = sapoe sanggeus isukan = lusa

Pageto amat = sabada pageto = sehari setelah Lusa

Bieu = waktu nu cikeneh karandapan = Barusan

Tadi = waktu nu rada lila kaliwat = tadi

Bareto = waktu nu geus lila kaliwat = Dulu

Baheula = waktu beh ditueun bareto = Dahulu kala

Engke = waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan = nanti/entar

Jaga = waktu nu bakal datang (lila keneh) = isuk jaganing pageto = waktu yang akan datang

Kasa = kahiji = ti tanggal 22/23 Juni nepi ka 2/3 Agustus usum melak palawija = musim tanam palawija

Karo = kadua = ti tanggal 2/3 Agustus nepi ka 25/26 Agustus usum randu pucukan, melak palawija kadua = musim tanam palawija kedua

Katiga = katilu = ti tanggal 25/26 Agustus nepi ka 18/19 September usum beubetian sirungan, panen palawija

Kapat = kaopat = ti tanggal 18/19 september nepi ka 13/14 Oktober  usum sumur saraat, randu pentilan, usum melak cau = Musim sumur kering, randu mulai berbuah, musim tanam pisang

Kalima = ti tanggal 13/14 Oktober nepi ka 9/10 Nopember usum turun hujan, asem pucukan, koneng ngadaun ngora = Musim penghujan

Kanem = kagenep = ti tanggal 9/10 Nopember nepi ka 22/23 Desember usum bubuahan mimiti karolot, usum ngagarap sawah = Musim buah-buahan, musim menggarap sawah

Kapitu = katujuh = ti tanggal 22/23 Desember nepi ka 3/4 Pebruari usum caah jeung gede angin, usum tandur = Musim banjir dan badai, musim tanam padi

Kawolu = kadalapan = ti tanggal 3/4 Pebruari nepi ka 1/2 Maret usum pare reuneuh loba hihileudan jsb. = Musim padi mulai membengkak

Kasonga = kasalapan ti tanggal 1/2 Maret  nepi ka 26/27 Maret usum pare rampak, turaes ngear = Musim padi membengkak rata

Kasadasa = kasapuluh = ti tanggal 26/27 Maret nepi ka 19/20 April usum pare beuneur hejo, manuk-manuk nyarayang, usum palawija tanah darat

Desta = kasabelas = ti tanggal 19/20 April nepi ka 12/13 Mei usum manuk maraban anakna = Musim Unggas makan

Sada = kadua belas = ti tanggal 12/13 Mei nepi ka 22/23 Juni usum rampak jami, isuk-isuk tiris = Musim kemarau

Usum pagebug = usum loba nu gering parna, loba nu maraot = Musim banyak yang sakit keras dan meninggal

Usum sasalad = Usum panyakit nu babari tepa = Musim Penyakit yang cepat menular

Usum patepok = Usum loba nu kawin = Musim banyak menikah

Usum tigerat = paceklik = usum paila, kurang dahareun (pangpangna beas atawa pare) = Musim kekrangan bahan pangan terutama beras atau padi

Usum mamareng = usum mimiti rek ngijijh = musim awal penghujan

Usum ngijih = usum hujan, ngecrek unggal poe = Musim Penghujan

Usum Dangdangrat = usum panyelang antara usum hujan jeung halodo = Musim antara hujan dan kemarau

Usum katiga = usum halodo = Musim Kemarau

Usum barat = usum angin gede nu bijilna ti kulon pacampur jeung hujan = Musim angin yang datang dari barat dan membawa hujan

Usum selatan = usum loba angin nu jolna ti juru kidul  wetan

Usum nyambut = mitembeyan ngagarap sawah (macul, ngawaluku jsb) = Musim awal menggarap sawah

Usum tandur = melaken binih pare di kotakan = mulai tanam padi

Usum ngarambet = mangsana miceunan jukut di sawah = musim membersihkan sawah dari rumput liar

Usum celetu = mangsa pare mimiti cul-cel buahan = musim padi mulai berbuah satu dua

Usum beukah = bmangsa pare geus loba buahna = padi mulai banyak berbuah

Usum rampak = mangsa pare geus rata/papak bareukah = Padi sudah membesar buahnya

Usum panen = mangsa dibuat ngala pare = Padi mulai dipanen

Usum rumpak jami = sabada panen = musim setelah panen

Facebook
Twitter
WhatsApp
Email

Leave a Reply